Salaki Gentayangan
Carita Horor kenging ti tatangga keur weungi malem jumat kliwon, nu borangan teu kedah dibaca :
Aya istri geulis tur seksi, anyar ditinggalkeun maot ku salakina. Dina hiji peuting, eta salakina ngajungjurigan datang ka imah na deui bari ngetrokan panto.
Jurig Salaki : (Tok Tok Tokkk...!!!)
Pamajikan : Saha diluar...?
Jurig Salaki : Ieu Akang, salaki Nyai.
Pamajikan : Naha uih deui...? Apan geus maot...? (Bari rareuwas jeung sieun)
Jurig Salaki : Akang bade nyarios ka Nyai...
Pamajikan : Alim ahh sieun...Apanan tos maot...Ulah ngaganggu Nyai deui....!
Jurig Salaki : Akang rek nyarios ka Nyai, serius ieu mah...penting...! Samenit weh...akang moal uih deui kadieu ka Nyai.
Pamajikan : (Maksakeun muka panto bari jeung sieun...) Bade nyarios naon akang teh...?
Jurig Salaki : Ciye...Ciyeee...Ciyeee... Jadi RANDA niyeeee...!!!!
Pamajikan : Dasar jurig gelooo siahh...!!! Gelo....!!!
Ngadahar Jurig

Teu di anjurkeun kangge nu lemah jantung
Aya barudak TK kerek baralik ngaji.
Pas di jalan manehna rarewas pisan, nempo aya nu ngajeblag hideung.
Atuh eta budak meni gemper pisan, sabab di sakola nu di ajarkeun karek do'a rek dahar
Sabari wani tur gemper, nya ku barudak eta doa di bacakeun weehhh
** Allahuma barik lana fimarojak tana wakina ajza bannar.... Amiinnn... **
Si eta jurig langsung ngabeureuceut lumpat sabari ngomong " bedul saumur umur uwing kakara pisan rek didahar ku budak leutik "
Hahaha feekkk ( cek jurigteh )
Wilujeung wayah kiyeu dulur dulur
Biasa wee atuh macana, entos na ulah bari kurang kerung 😂😂😂😂
Ngusir Jurig

Bada magrib, aya tatangga rada anggang néang mitoha. “Punten ngawagel, badé ngahiras Abah,” pokna. “Nyungkeun dipangusirkeun nu saban wengi sok ngaganggu di bumi Bi Ésoh. Biasana upami disingkahkeun ku Abah mah sok teras teu aya.”
“Euh, hanjakal nya, Abah téh tadi siang ditéang ku pun lanceuk. Moal tiasa disusulan, apan tebih,” walon pamajikan.
Anu néang bangun hanjelu.
“Hayu wé ku abdi diusirna, Mang,” ceuk uing. “Jurig bangsa naon cenah nu sok ngaganggu ka Bi Ésoh téh?” ceuk uing.
Pamajikan kagéteun, pokna, “Akang, nanaonan, ih! Tiasa kitu?”
“Hayu lah. Piraku minantuna teu katétésan kabisa Abah,” omong uing.
Imah Bi Ésoh mémang nenggang, jaba rada kahieuman kebon awi. Imah butut, bari pangeusina gé ukur saurang, da dua bulan ka tukang, cenah, anakna nu bungsu geus miang jadi TKW.
“Tah, matuh palih dieu némbonganana téh,” Bi Ésoh nuduhkeun ka lebah juru, deukeut pawon, bari bibirigidigan. “Itu menyan sareng rampéna mah tos disadiakeun.”
“Teu kedah nganggo nu kitu,” ceuk uing, laju ngabedega nyanghareup ka juru.
Bi Ésoh, kitu deui nu bieu dititah néang, nyingkah ngajauhan.
“Héy, sia téh ririwa koplok! Rajeun wani sia mah ukur ka awéwé kolot, bari geus jadi randa. Euweuh kaéra! Kalah wé beungeut pikasieuneun, siah! Mun enya sia wani mah, tuh singsieunan bank émok! Atawa burak barik tuh géng motor nu sok ngaganggu katartiban! Sia mah rajeun wani ka Bi Ésoh, dasar jurig nurustunjung! Tuh singsieunan anu muka pabrik palebah hulu cai, bari caina terus diakutan kana téngki! Atawa tuh ku sia beberik anu sok ragag-rigig dina organisasi pulitik, anu gawéna ngawadul. Atawa calo tanah tukang ngolo jeung ngabobodo balaréa nu taya kanyaho ...!”
Saharita kadéngé sora ngagebrug, laju, “Ampun ...!”