Lodge maribaya via www.instagram.com
Assalamualikum ya ahli komen heeee
Bae bubuk ranginang ge da lain bubuk dihaja,kadiukan
Poe ganti poe..minggu ganti minggu..jebul bulan datang taun..panonpoe getol ngahear marcapada,tara ngangluh atawa aral,leukeun nyorotkeun sinarna...tafak
Fajar jeung Suminar di ajar ngawangun rumahtangga jauh jeung kolot..saminggu
Najan beurat ditinggalkeun Suminar,bu Sita teu bisa ngowelkeun da puguh dibawa ku salakina..
Kitu deui bu Nawangsih ngarojong Fajar.
"Ari misah mah teu boga piring maksakeun meuli,teu boga sendok jeung gelas wayahna ayakeun...di du'akeun sing babari milik bari sehat..ulah pahiri hiri tampian omat..aya masalah leutik ulah digegedekeun..m
Geulis,kasep..m
Jentre,kaharti,
3 bulan umur pangkawinan,Sum
Peutingna Suminar jeung Fajar geus ngamar...
"Kang..."
"Naon sum..."
Ceuk Fajar bari malikeun awak .
"Abi nganeg..."
"Ma enya sum?"
Ceuk Fajar bari ngorejat hudang,suminar pipilueun cengkat..
"Bener sumi nyiram? Sumi teh hamil???"
Fajar satengah teu percaya bakat atoh..
"Muhun kang..ma enya abi ngabohong,tah ieu buktina"
Ceuk Suminar bari nembongkeun tespek..
"Kumaha cirina?
Fajar kerung,teu ngarti soal tespek.
"Tah mun garisna dua warna beureum eta positif..hartin
Suminar ngajelaskeun
"Alhamdulilah ya Allah...anjeun mercanten abi gaduh jimat"
Ceuk Fajar bari sujud sukur tuluy namprakeun 2 leungeun ka luhur
"Ya Allah..sing sehat nu dikandung sareng nu ngandung..aamii
"Aamiin yra "
Suminar ngahaminan..
Seukeut oge eta parabot Fajar hihihi ceuk nu ngetik bari ngagayem bubuk ranginang.
"Tah Sum,ti mimiti ayeuna Sumi ulah beberatan,ulah cape,kudu loba istirahat ngarah si utun sehat"
Suminar unggek..Fajar guligah,kebek kubangah,sakede
"Kang....kunaon
"Ah hente,akang bungah pisan"
"Akang hayang budak istri atanapi pameget?"
"Baeu teuing rek awewe rek lalaki ge nu penting mulus salamet"
Tembal Fajar
"Abi mah hayang istri kang,sok resep ngadangdanan"
Ceuk Suminar..
"Mun hayang awewe kudu ungal peuting dilongokan"
Ceuk Fajar bari seuri..
"Ihhh ngaco.."
Ceuk Suminar ogo nakeur.
"Bener Sum..."
Ceuk Fajar bari pellll nyium b*****r Suminar..
Jep duanana jempling ...
Urang tunda heula Fajar nu keur ngumbar kabungah..urang
Budak Salis nincak 40 poe..Salis mere ngaran ka budakna Bima Angkasa..nu dipiharep bim bim,kitu dipanggilna jadi budak nu tanggungjawab,b
Peuting ka 40 di ayakeun marhaba bari nyukuran budak..
Masing geus poho ka bapa budak,dina waktu acara kitu mah Salis nalangsa oge..
Tapi lain ingeut ka bapa budak..tapi inget ka Fajar...geuning
"Wa,kersa teu upami uwa dipiwarang ku abi"
Ceuk Salis ka wa Ajo sabada rengse nyukuran.
"Nitah naon eneng?"
Tanya uwana daria..
"Abi ngimpen wae bapa sareng ibu..sok inggis aya naon naon..upami uwa kersa enjing layad ka karawang"
"Kari....keun uwa isuk isuk rek miang"
"Hatur nuhun wa....ieu kanggo ongkosna"
Ceuk Salis bari ngasongkeun duit nu titadi geus disiapkeun..
"Pesakan we duit mah eneng jang kabutuhan ci dede,aya jang ongkos mah di uwa"
Salis teu bisa maksa..kabageur
Isukna,memeh indit ka karawang wa Ajo mumuluk tutug oncom jeung beuleum peda ditambah sambel goang..
"Eneng mah ulah dahar sambel goang bisi nyeri beteng ka budak"
Ceuk wa Acih bari ngasongkeun piring ka Salis
"Moal wa.."
Beres mumuluk wa Ajo indit naek beus,datang ka karawang bareng jeung tulyuna mobil Sarah..
"Assalamualaiku
Wa Ajo uluk salam
"Waalaikumsalam
Kolotrak panto di buka..Hayati ngelol
"Aeh gening engkang..."
Hayati gumbira nenjo nu nyemah..wa Ajo lanceuk pituin nu panggedena di susul hajah dedeh panengah,hayati
"Sareng aceuk ?"
Tanya Hayati bari ningalian kaluar
"Sorangan engkang mah,aceukna boga uruseun..incu"
"Incu tisaha engkang?"
"Aeh hayu kalebet,aceuk ge araya"
Wa Ajo mamblas ka tengah imah.
Luak lieuk ka rohangan,bet asa cakueum imah teh.taya cahara jauh tina hegar.
"Kamana aceukna?"
"Teu damang engkang.._
Ceuk Hayati bari ngalimba..
"Gering naon Dedeh?"
Hayati ngalalarkeun kajadian ti mimiti Salis kawin dijodokeun nepi ka harita,jentre taya nu kaliwat.
"Kaleresan engkang kadieu..sugan Salis aya kaditu?"
Ceuk Hayati mungkas lalakon..
"Aya si eneng mah diditu..betaheu
"Leres eta teh?" Gusti nu agung...meni teu ka emut ka engkang bakat baluweng..kadit
Hayati nepak tarang sorangan
"Istri pameget murangkalih si eneng? Yuswa baraha sasih ayeuna?
Hayati meni riweuh tatanya saking bungah Salis puguh dumukna.
"Lalaki,ngarana
"Alhamdulilah Gustiii"
Hayati ngucap sukur..
"Dimana Dedeh jeung ayi Dahlan ?"
Hihihi meni teu pantes nyebut ayi Dahlan..ceuk nu ngetik nyeukeukeuk seuri bari suruput kana indocafe..belew
"Hayu engkang"
Ceuk Hayati bari cengkat,leos ka kamar hajah Dedeh..
"Innalilahi....
Wa Ajo nyebut ngaran hajah Dedeh ku sebutan nenehna..mun jaman ayeuna mah panggilan sayang ti lancek ka adi..
"Teu damang engkang..tisapr
Ceuk Hayati bari ngusapan hajah Dedeh.
Ret wa Ajo ka hj Dahlan,lewih pikawatireun..h
"Kang haji mah kieu..."
Ceuk Hayati bari nempelkeun curuk na tarangna,hihihi
"Astagfirullah ayi..."
Wa ajo nyampeurkeun adi beuteung nu diuk di juru kamar..
"Emut ka akang ?"
"Mana? Mobil....emas..
Hj dahlan ngacaprak bari tangan sae ka wa Ajo..
"Deudeuh teuing...tah kieu balukarna jalma ipis iman bari kabarogod hawa dunya,kulawarga
Ceuk wa Ajo bari ngusap beungeut..
"Sadiakeun mobil yati,urang bawa ka rumah sakit jiwa" ceuk wa Ajo..
"Engkang ngaleu'eut heula atuh"
"Enya yati,engkang geus perih beuteung.."
Sanggeus ngeusian beuteung wa Ajo manaskeun mesin mobil nu geus lila teu dipake.
Hj Dahlan dibawa wa Ajo ka rumah sakit jiwa nu aya di bandung di baturan ku mang Ahmad,sedeng Hayati mah teu milu da nungguan hajah Dedeh..
Na jero mobil hj Dahlan ngadadak buringas,panon molotot ka wa Ajo nu nyekel setir..
"Gus...ieu mobil si eneng teh? Hahaha mana emasna?"
Hj dahlan seuseurian bangun ngenah..leungeu
"Mobil ...emas hahaha"
"Istigfar yiiii..astagfir
Wa Ajo nungtun hj Dahlan istigfar.
"Siapppppp grak komandan,mobil emas mobil emas mobil emas"hihihi tugenah nu owah..
Hj Dahlan tibatan istigfar ngadon ngacaprak..wa Ajo kat gogodeg ningal kalakuan hj Dahlan.
Datang ka rumahsakit hj Dahlan langsung ditangani dokter..
"Mangga bilih bade uih mah,pasen tos janten tanggungjawab para dokter,mung sateuacana bereskeun heula perkawis adminstrasina.
Wa Ajo balik deui ka karawang sangges beberes administrasina.
Sajajalan wa Ajo tatanya kaayaan rumahtangga adina,mang ahmad ngabejakeun naon nu dipikanyaho manehna.
Teu karasa ari balik mah sok asa tereh,komo ieu bari uplek ngobrol..
Reg mobil eureun hareupeun imah,memeh turun wa Ajo ngeupeulkeun duit ka mang Ahmad
"Yeuh mang keur jajan budak,gede mah hente,nuhun ts maturan kuring nya"
"Ah teu kedah wa..kuring ihlas maturan uwa"
Ceuk mang Ahmad bari kekepehan..tapi
"Paksa wa kuring narima eta duit..sok paksa....paksa wa"
Hihihi gehel tatangga teh..
Wa Ajo seuri bari ngasupkeun duit kana saku baju mang Ahmad
"Tah mang..ku kuring di paksa kudu narima ieu duit"
Reyyy teh beungeut mang Ahmad beureum bakat era..eusi hate katohyan wa Ajo...
"Nuhun atuh wa..mangga dikantun'
Ceuk mang Ahmad bari ngedig gagancangan..ha
"Na ahmad sateh mangke ngomong na hate jadi aing era ku si wa Ajo.."hihihi
Mang Ahmad ngomong sorangan bari ngaluarkeun duit
"Alhamdulilah gede euy..lumayan jang jajan ci Luki jeung beas indungna..tapi si wa Ajo sakti..bisa maca eusi hate batur..."
Mang Ahmad tambah ngagedig,hayang
Wa Ajo asup ka imah adina..nyampak Hayati keur ningali tipi..
"Kumaha kang haji teh"
"Dirawat diditu,ku engkang geus dititipkeun ka dokter jeung suster"
Ceuk wa Ajo bari ngaleguk ci teh bar..ngageleser
"Yati,engkang isukan rek balik ka tasik,Ndeh mah gampang,ulah hariwang"
Tasik isuk isuk....
Salis diuk na golodog moyankeun budak..lar hiji pamuda ngaliwat
"Damel naon Teh?"
"Ieu nuju moyan,bade kamana cep?"
Salis malik nanya...ieu pamuda remen bulak balik mun Salis keur diuk na golodog,nu ahirna nanya bari sok tuluy ngajak ngobrol..
Sok rajeun Salis kararagok mun budak aha ehe hayang nyusu..ditingal
Salis ge ngarti maksud eta pamuda bolak balik kawas istrika,neundeu
"Tah bade kapayun"
Ceuk cecep,ngaran eta pamuda
"Teteh betah didieu?"
"Sabetahna ge di lemur batur mal betah kawas di lemur nyalira"
Ceuk Salis..
"Teh...ameng atuh kabumi.."
"Bade naon ameng ,ararisin teuing'
"Ngobrol we bari nyanak ameng de Bimbim,abi resep ka Teteh....eeeh ka dede...punten"
Cecep kaceplosan,Sali
"Awon istri unyung anyang mah"
Ceuk Salis nolak secara halus..
"Wios abi ameng ka teteh?"
"Pan ieu nuju ameng"
"Heeee.."
Cecep beakeun piomongen..jawa
"Teh...."
"Naon cep"
"Kenging teu abi naros..mun teu kenging mah teu sawios"
"Naros naon?"
"Punten teteh sanes teu sopan,punten pisan..abi simpati ka teteh...dupi caroge teteh dimana?
Degggg jantung Salis ngajedud,rewas ku pertanyaan eta pamuda..manehna
Untung budak ceurik..ciri hayang nyusu..
"Punten di kantun..ieu murangkalih hauseun"
Ceuk Salis bari giru asup kajero
"Enjing abi kadieu nya teh...hapunten tos ngawagel teteh"
Sopan ,cecep sasadu
"Teu sawios..."
Salis nemalan tijero bari nyusuan.
Leos Cecep balik mawa hate nu geus kagembang ku randa ngora geulis anyar ngajuru...
Cag heula dugi kadieu..
Urang teundeun di handeuleum sieum,urang tunda di hanjuang siang,sampeureu
Ka astana mawa manggu
Diwadahan didaharan
Ayeuna teh malem minggu
Mudah mudahan teu hujan
Hawatos kanu bade mojok
Carita Sunda Karya: