Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Cipanon Indung ~ Carita Sunda

10 min read

Assalamualaikum
 ya.....ahli baper...tepang deui sareng nu ramona lencop nu dijeujeuran

CIPANON INDUNG (19)

Ngawitan ku suruputna kopi,nu ngetik mimiti nuluykeun hanca...
"Keur naon marni didieu?"
Dedeh Kurniasih nyampak tukangen marni jeung Pa umar...
Gebeg....duanana rewas sataker kebek..kesang ngadadak renung na tarang...untung..untung kenah wae urang sunda mah,ceuk nu ngetik bari nyuruput kopi.

Umar mal milih resiko najan paisan geus ditoel ge pan ieu mah aya di kandang maung..
Nyabar nyabar maneh..nahan kahayang ngerekeb si sumarni..
"Marni rek nginjem duit,salakina kacilakaan"
"Enya da guyur..watir teuing ka jajang..lain bere kang,sanggup mayar na iraha?"
"Ari satuju mah rek dibere da enya watir"
"Baraha marni butuhna?,mingguan atawa kumaha?"
Ceuk Dedeh..

"300 we Teh..sabulaneun"
Kojengkang Dedeh ka kamar,teu lila balik deui mawa duit 3 lambar.
"Yeuh marni..kade geus sabulan pulangkeun 345rebu"
"Nuhun Teh..mangga atuh"

Marni balik..di imah nyampak salakina keur diuk..
"Timana marni?"
"Tos nginjeum duit jang modal isuk"
Marni mikeun duit ka jajang..
"Bikeun deui marni...aya jang modal mah"
"Boga timana?"
"Sisimpenan"
Ceuk jajang singkat..nyellll teh marni kehel,pok nyarita
"Ti iraha akang sumput salindung kana duit?..maruk alus salaki kitu?,bikeun duit teh kabeh ka pamajikan,aya nanaon mah geuning he deui he deui"

"Mun maneh bener mah ngokolakeun duit diserenkeun kabeh..ieu mah euweuh keur hujan sapoe..ledis kana barang nu teu mangpaat"
"Ledis mah da merena sawareh,ari kabutuhan loba"
"Mere kabeh mah sarua jeung mikeun hayam ka heulang"

"Kadieukeun duit sisimpenan teh rek meuli wedak nu tadi di luluh"
Marni nampan...
"Apan jang modal isuk sumarni..."
Tembal jajang rada nyereng..
"Teu baleg gableg salaki teh,resep mesakan duit"

Marni kukulutuk bari kaluar..gok panggih jeung pa Umar..
"Pa..mal cios namut artos teh,yeuh candak deui"
"Kunaon teu tulus?
"Kang jajang gaduheun"
"Isukan we bari nagih,ayeuna mah rusuh"
Ceuk pa Umar bari ngacungkeun jempol kana sela ramo hihihi..
Marni ngadelek gumelis..

"Ngges dibikeun deui duit teh?"
"Geus.."
Ceuk marni judes..
Isuk isuk...Sandi geus saged rek sakola..
"Mah..bekel"
"Emam heula jang bisi salatri"
Ceuk jajang nu uprek di dapur..
"Teu aya rencangna pa..."
Jajang mariksa tudung saji,bener we na meja makan kur aya sangu garing nu kamari..
Jajang teu loba omong..leos kahareup meuli sangu koneng 2 bungkus.
"Tah kasep emam heula,wayahna we sangu koneng"
Budak teh unggek..anak jeung bapa mumuluk sangu koneng..
Lain teu kehel lain teu napsu kana talajak pamajikanana nu beuki gejul..tapi kajadian kamari dipake eunteung ku jajang..indit dagang tos pasea lain untung tapi kalah buntung..
"Tah ieu bekel,kade ulah lulumpatan di jalan gede bisi katabrak mobil,sing tekun di ajar kasep ngarah pinter,ngarah bisa sakola luhur,sing jadi budak anu soleh,"
Jajang mekelan Sandi bari dipapatahan,dicium sirah jeung leungeuna..Sandi unggek tuluy indit sakola..
Jajang nyerangkeun nepi ka ngilesna diteureuy pengkolan..
Jajang nuluykeun pagaweanana nyiapkeun dagangan,teu ieuh menta dibantuan marni..jam 9 jajang babacaan tuluy ngalengkahkeun suku katuhu,roda didorong dibarengan ku harepan,dagang salamet bari cilok beak...
Apal salaki geus indit marni kaluar ti kamar,gesat gesut mandi tuluy dangdan leos ka pasar,duit nu ku jajang titah dibikeun deui dipake meuli wedak jeung alat beungeut lain na.
Datang ka imah marni langsung ngajaran wedak,sagala diterapkeun..Buuk nu kawas bulu jagong disisiran..keur anteng dangdan titukang ujug ujug aya nangkep tipeupeureukeut jiga nu geregeten..Pa Umar si ucing garong geuning katingali tina kaca..manehna apal jajang geus ngider,rerencepan,manehna asup jalan dapur..
"Beunang ayeuna mah surabi teh"
Gerentes Umar bari ngagulang gaper awak awewe lenger,abong ucing gering deuih...dikitu kieu ku Umar,marni cicing..sakapeng ngimbangan bari ngomong
"Duit 300 lunas nya pa.."
Umar kur unggeuk..sahwat nu lila katahan jigana beurang eta mudal...
Rungkaddd marniiii ceuk nu ngetik bari ngayeum bonteng jeung kurupuk..
Awak marni nu payang tuluy disarekeun..bajuna dipesek..awak bodas ngabuliklak hareupeun beungeut meong congcot..mata molotot,napas ngahegak,tuur nyorohcod bleg jiga rahwana tos balap lumpat,rurusuhan Umar muka baju..tuluy awakna ngiuhan ucing got nu gering..
2 manusa dajal jongjong siki rewod sili kerewes sili piting sili kerekeb..bleg samson jeung none walanda keur galungan...
"Mamah......."
Hihihi...jang Sandi geus ngajeleketen lawang kamar bari olohok...teu ngarti naon nu dilakukeun indungna jeung pa Umar di kamar...
Buringkal 2nana hudang..Umar ngajewang baju bari ngajleng kaluar kamar tuluy balik bari nyengir hihihi..marni reup beureum ray pias,era ku anak,sieun Sandi bebeja ka bapana..Marni dibaju tuluy nyampeurkeun Sandi nu masih olohok kasima..
Marni gancang mere nginum anakna..sanggeus leler tina kasima budak teh nanya polos pisan.
"Mamah,naha pa Umar num****kan mamah.."
"Aya hileud na tonggong mamah,hileud sampeu ti tukang"
Hahaha meni pas jawaban si marni..keur jiga bebegig teh,ceuk nu ngetik bari belewek deui kana bonteng jeung kurupuk..
Sandi repeh..kur melong salila lila ka indungna jiga nu nganaha naha..
"Repeh nya jang ulah bebeja ka bapa pa Umar nyokot hileud tina tonggong mamah"
Sandi teu nemalan..marni mimiti disampeurkeun kasieun..sababaraha kali marni nyarek bebeja,Sandi tetep balem..teu lemek teu nyarek...marni jadi kehel..leungeun budak digeuweung geuweung bari ngomong rada nyentak...
"Awas...mun wani bebeja ka bapa,mamah mah rek kabur rek tuluy malidkeun maneh ka walungan"
Marni nyingsieunan anakna..ngadenge omongan indungna Sandi unggek tuluy kaluar..
Sandi...nya soteh budak tapi geus apal najan teu sageumblengna naon nu katingali di kamar indungna..kajadian tadi karekam sacara sampurna na otak budak..nepi ka Sandi dewas nepi ka sandi kolot rekaman kalakuan indungna jeung pa Umar moal laas,bakal diinget ku Sandi..eta salah sahiji faktor nu bakal ngabentuk jati diri Sandi...nu nangtukeun iwal didikan hade kolot nu utama,ajaran sakola jeung pergaulan gede leutik mangaruhan jiwa Sandi..
"Naha jang balik sakola beurang keneh"
Marni nyampeurkeun Sandi na tera..
"Rapat guruna"
Ceuk sandi bari cengkat,tuluy kaluar ti imah,jiga nu ngahaja nyingkahan indungna..
Marni hareugeu'eun ku sikep anakna.marni nyadar kana dosa..
"Boa boa budak ngewa ka aing..kumaha mun bebeja ka bapana...cilaka 12 ieu mah.."
Marni ngagerentes..
Dur magrib jajang can balik..Sandi geus nyeri beuheung sosongeteun..ti balik sakola maneh na ucing ucingan jeung indungna..marni di dapur manehna di tengah imah..marni di tengah imah sandi ngaleos kana teras.sedih oge marni dijauhan ku anak..tapi kasieun Sandi bebeja lewih gede tibatan dijauhan Sandi.
Ampir jam 9 peuting jajang balik..kesang ngoprot..cape ngadorong bari cilok kur beak satengahna..Jajang neundeun roda di gigir imah.
"Pa...na meni wengi uih teh?"
"Sepi jang dagangna..tadina susuganan beak dagang nepi ka peuting,pek teh ...."
Jajang teu kebat nyaritana kaburu marni norojol bari nanya nu sarua..
"Geura tuang heula kang..keun we wadah mah ku abi diberesan"
"Sisinarieun pamajikan eling"
Gerentes jajang bari habeuk we dahar dibarengan ku Sandi..
Marni meresan wadah kotor tuluy naheur cai keur mandi salakina..jajang beuki heran..tapi teu loba omong,sikep marni ditabeuh jajang,nepi kamana pamajikanana eling.
"Ibak heula kang,tuh cai haneut geus dina bak"
Jajang teu nembalan..gebrus mandi..beres mandi kopi panas geus nyampak..jajang beuki heran..biasana mun nanaon kudu wae dititah,tara hideng kawas ayeuna.Sandi dititah sare..paur bebeja nu tadi beurang..
Waktu di kamar marni mencetan suku jajang..
"Kunaon marni asa bageur asa soleh?,boa aya kahayang maneh teh"
"Ih ari akang sok suudzon wae,karunya ka akang..balik peuting bari dagangan teu beak"
Marni bageur sa'enyana keur nutupan dosa gede ti salaki..marni eling kur paminding kalakuan nista jeung pa Umar..marni mintonkeun kanyaah jeung kadeudeuh..peuting eta marni mikageugeut salaki lewih ti biasa nepi ka jajang ngalayang di awang awang...
Ancurrrrr sitiiiii
CAGGGGGGGG heula..

Budak leutik rek ka banten
Nganjang bari mawa ketan
Nu ngetik neda hapunten
Tayangna kat kasontenan


Assalamualaikum ya.....ahli baper...tepang deui sareng nu ramona lencop nu dijeujeuran

CIPANON INDUNG (19)


Ngawitan ku suruputna kopi,nu ngetik mimiti nuluykeun hanca...

"Keur naon marni didieu?"

Dedeh Kurniasih nyampak tukangen marni jeung Pa umar...

Gebeg....duanana rewas sataker kebek..kesang ngadadak renung na tarang...untung..untung kenah wae urang sunda mah,ceuk nu ngetik bari nyuruput kopi.

Umar mal milih resiko najan paisan geus ditoel ge pan ieu mah aya di kandang maung..

Nyabar nyabar maneh..nahan kahayang ngerekeb si sumarni..

"Marni rek nginjem duit,salakina kacilakaan"

"Enya da guyur..watir teuing ka jajang..lain bere kang,sanggup mayar na iraha?"

"Ari satuju mah rek dibere da enya watir"

"Baraha marni butuhna?,mingguan atawa kumaha?"

Ceuk Dedeh..

"300 we Teh..sabulaneun"

Kojengkang Dedeh ka kamar,teu lila balik deui mawa duit 3 lambar.

"Yeuh marni..kade geus sabulan pulangkeun 345rebu"

"Nuhun Teh..mangga atuh"

Marni balik..di imah nyampak salakina keur diuk..

"Timana marni?"

"Tos nginjeum duit jang modal isuk"

Marni mikeun duit ka jajang..

"Bikeun deui marni...aya jang modal mah"

"Boga timana?"

"Sisimpenan"

Ceuk jajang singkat..nyellll teh marni kehel,pok nyarita

"Ti iraha akang sumput salindung kana duit?..maruk alus salaki kitu?,bikeun duit teh kabeh ka pamajikan,aya nanaon mah geuning he deui he deui"

"Mun maneh bener mah ngokolakeun duit diserenkeun kabeh..ieu mah euweuh keur hujan sapoe..ledis kana barang nu teu manpaat"

"Ledis mah da merena sawareh,ari kabutuhan loba"

"Mere kabeh mah sarua jeung mikeun hayam ka heulang"

"Kadieukeun duit sisimpenan teh rek meuli wedak nu tadi di luluh"

Marni nampan...

"Apan jang modal isuk sumarni..."

Tembal jajang rada nyereng..

"Teu baleg gableg salaki teh,resep mesakan duit"

Marni kukulutuk bari kaluar..gok panggih jeung pa Umar..

"Pa..mal cios namut artos teh,yeuh candak deui"

"Kunaon teu tulus?

"Kang jajang gaduheun"

"Isukan we bari nagih,ayeuna mah rusuh"

Ceuk pa Umar bari ngacungkeun jempol kana sela ramo hihihi..

Marni ngadelek gumelis..

"Ngges dibikeun deui duit teh?"

"Geus.."

Ceuk marni judes..

Isuk isuk...Sandi geus saged rek sakola..

"Mah..bekel"

"Emam heula jang bisi salatri"

Ceuk jajang nu uprek di dapur..

"Teu aya rencangna pa..."

Jajang mariksa tudung saji,bener we na meja makan kur aya sangu garing nu kamari..

Jajang teu loba omong..leos kahareup meuli sangu koneng 2 bungkus.

"Tah kasep emam heula,wayahna we sangu koneng"

Budak teh unggek..anak jeung bapa mumuluk sangu koneng..

Lain teu kehel lain teu napsu kana talajak pamajikanana nu beuki gejul..tapi kajadian kamari dipake eunteung ku jajang..indit dagang tos pasea lain untung tapi kalah buntung..

"Tah ieu bekel,kade ulah lulumpatan di jalan gede bisi katabrak mobil,sing tekun di ajar kasep ngarah pinter,ngarah bisa sakola luhur,sing jadi budak anu soleh,"

Jajang mekelan Sandi bari dipapatahan,dicium sirah jeung leungeuna..Sandi unggek tuluy indit sakola..

Jajang nyerangkeun nepi ka ngilesna diteureuy pengkolan..

Jajang nuluykeun pagaweanana nyiapkeun dagangan,teu ieuh menta dibantuan marni..jam 9 jajang babacaan tuluy ngalengkahkeun suku katuhu,roda didorong dibarengan ku harepan,dagang salamet bari cilok beak...

Apal salaki geus indit marni kaluar ti kamar,gesat gesut mandi tuluy dangdan leos ka pasar,duit nu ku jajang titah dibikeun deui dipake meuli wedak jeung alat beungeut lain na.

Datang ka imah marni langsung ngajaran wedak,sagala diterapkeun..Buuk nu kawas bulu jagong disisiran..keur anteng dangdan titukang ujug ujug aya nangkep tipeupeureukeut jiga nu geregeten..Pa Umar si ucing garong geuning katingali tina kaca..manehna apal jajang geus ngider,rerencepan,manehna asup jalan dapur..

"Beunang ayeuna mah surabi teh"

Gerentes Umar bari ngagulang gaper awak awewe lenger,abong ucing gering deuih...dikitu kieu ku Umar,marni cicing..sakapeng ngimbangan bari ngomong

"Duit 300 lunas nya pa.."

Umar kur unggeuk..sahwat nu lila katahan jigana beurang eta mudal...

Rungkaddd marniiii ceuk nu ngetik bari ngayeum bonteng jeung kurupuk..

Awak marni nu payang tuluy disarekeun..bajuna dipesek..awak bodas ngabuliklak hareupeun beungeut meong congcot..mata molotot,napas ngahegak,tuur nyorohcod bleg jiga rahwana tos balap lumpat,rurusuhan Umar muka baju..tuluy awakna ngiuhan ucing got nu gering..

2 manusa dajal jongjong siki rewod sili kerewes sili piting sili kerekeb..bleg samson jeung none walanda keur galungan...

"Mamah......."

Hihihi...jang Sandi geus ngajeleketen lawang kamar bari olohok...teu ngarti naon nu dilakukeun indungna jeung pa Umar di kamar...

Buringkal 2nana hudang..Umar ngajewang baju bari ngajleng kaluar kamar tuluy balik bari nyengir hihihi..marni reup beureum ray pias,era ku anak,sieun Sandi bebeja ka bapana..Marni dibaju tuluy nyampeurkeun Sandi nu masih olohok kasima..

Marni gancang mere nginum anakna..sanggeus leler tina kasima budak teh nanya polos pisan.

"Mamah,naha pa Umar num****kan mamah.."

"Aya hileud na tonggong mamah,hileud sampeu ti tukang"

Hahaha meni pas jawaban si marni..keur jiga bebegig teh,ceuk nu ngetik bari belewek deui kana bonteng jeung kurupuk..

Sandi repeh..kur melong salila lila ka indungna jiga nu nganaha naha..

"Repeh nya jang ulah bebeja ka bapa pa Umar nyokot hileud tina tonggong mamah"

Sandi teu nemalan..marni mimiti disampeurkeun kasieun..sababaraha kali marni nyarek bebeja,Sandi tetep balem..teu lemek teu nyarek...marni jadi kehel..leungeun budak digeuweung geuweung bari ngomong rada nyentak...

"Awas...mun wani bebeja ka bapa,mamah mah rek kabur rek tuluy malidkeun maneh ka walungan"

Marni nyingsieunan anakna..ngadenge omongan indungna Sandi unggek tuluy kaluar..

Sandi...nya soteh budak tapi geus apal najan teu sageumblengna naon nu katingali di kamar indungna..kajadian tadi karekam sacara sampurna na otak budak..nepi ka Sandi dewas nepi ka sandi kolot rekaman kalakuan indungna jeung pa Umar moal laas,bakal diinget ku Sandi..eta salah sahiji faktor nu bakal ngabentuk jati diri Sandi...nu nangtukeun iwal didikan hade kolot nu utama,ajaran sakola jeung pergaulan gede leutik mangaruhan jiwa Sandi..

"Naha jang balik sakola beurang keneh"

Marni nyampeurkeun Sandi na tera..

"Rapat guruna"

Ceuk sandi bari cengkat,tuluy kaluar ti imah,jiga nu ngahaja nyingkahan indungna..

Marni hareugeu'eun ku sikep anakna.marni nyadar kana dosa..

"Boa boa budak ngewa ka aing..kumaha mun bebeja ka bapana...cilaka 12 ieu mah.."

Marni ngagerentes..

Dur magrib jajang can balik..Sandi geus nyeri beuheung sosongeteun..ti balik sakola maneh na ucing ucingan jeung indungna..marni di dapur manehna di tengah imah..marni di tengah imah sandi ngaleos kana teras.sedih oge marni dijauhan ku anak..tapi kasieun Sandi bebeja lewih gede tibatan dijauhan Sandi.

Ampir jam 9 peuting jajang balik..kesang ngoprot..cape ngadorong bari cilok kur beak satengahna..Jajang neundeun roda di gigir imah.

"Pa...na meni wengi uih teh?"

"Sepi jang dagangna..tadina susuganan beak dagang nepi ka peuting,pek teh ...."

Jajang teu kebat nyaritana kaburu marni norojol bari nanya nu sarua..

"Geura tuang heula kang..keun we wadah mah ku abi diberesan"

"Sisinarieun pamajikan eling"

Gerentes jajang bari habeuk we dahar dibarengan ku Sandi..

Marni meresan wadah kotor tuluy naheur cai keur mandi salakina..jajang beuki heran..tapi teu loba omong,sikep marni ditabeuh jajang,nepi kamana pamajikanana eling.

"Ibak heula kang,tuh cai haneut geus dina bak"

Jajang teu nembalan..gebrus mandi..beres mandi kopi panas geus nyampak..jajang beuki heran..biasana mun nanaon kudu wae dititah,tara hideng kawas ayeuna.Sandi dititah sare..paur bebeja nu tadi beurang..

Waktu di kamar marni mencetan suku jajang..

"Kunaon marni asa bageur asa soleh?,boa aya kahayang maneh teh"

"Ih ari akang sok suudzon wae,karunya ka akang..balik peuting bari dagangan teu beak"

Marni bageur sa'enyana keur nutupan dosa gede ti salaki..marni eling kur paminding kalakuan nista jeung pa Umar..marni mintonkeun kanyaah jeung kadeudeuh..peuting eta marni mikageugeut salaki lewih ti biasa nepi ka jajang ngalayang di awang awang...

Ancurrrrr sitiiiii

CAGGGGGGGG heula..


Budak leutik rek ka banten

Nganjang bari mawa ketan

Nu ngetik neda hapunten

Tayangna kat kasontenan


Maryani Titing, profile picture

Maryani Titing
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6