Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Lalaki Raheut Hatena ~ Jelema Beungal Hayang Boga Pamajikan Loba

5 min read
Ilustrasi

Urab sampeu jeung kopi ngebul geus siap maturan ngetik...

Agus....mulang ka ci anjur rek niiskeun pikir..tisaprak kapanggih nyandung manehna can wani balik ka imah Sarah.

Ceuk pikirna mal bener di sampeurkeun ge..Sarah keur emosi.pasti kalah ribut batan manggih jalan kaluar..
Tengah peting Agus anjog ka buruan,memeh asup diuk na teras bari nyawang lalakon baheula keur bujangan.

Agus ditinggalkeun bapana keur sakola SD..ma Onah indungna nepi ka kiwari teu kawin deui..
Nincak bujang leutik agus kasohor budak loyor jeung bengal,barangasan..

Umur 15 taun agus geus nyandu roko akibat gaul jeung nu teu aleucreug.ungal peuting begadang liliwetan jeung hayam atawa lauk menang maok..
Euweuh atikan jeung warahan hiji bapa,agus ngalajur napsu ngarumpak larangan.

Mun teu boga duit jang riko agus kakaratak kana lomari indungna..
Ma Onah geus beak dengkak mapatahan anak.tatangga loba nu laporan kaleungitan hayam jeung endogna,kaleungitan lauk bibit di balong.

Ma onah kur bisa ngurut dada ngabanungan talajak agus,dititah sholat nyebut na"eunggeus sholat mh,ku niat ge cukup"..

Di elingan asup ka ceuli katuhu kaluar ti ceuli kenca..ma Onah ampir tiap waktu rekes ka nu kawasa sangkan anakna dipaparin taopek sareng hidayah.ma onah tiap ts tahajud ngudupruk na pangsujudan neda neda ka nu welas sangkan anakna jadi budak anu Sholeh.

Nepi ka hiji waktu Agus pamit rek miang ka kota,bandung nu jadi tujuan.
Najan bengal buraong,ari rek lunta mah agus bebeja bari menta di du'akeun jeung menta ongkos.

Indit ka bandung kur mekel sa'ongkosen jeung baju saraged awak,roko nyempil na ceuli teu waka di seungeut,keur na beus cenah heg ngan boga sabatang.

Agus lunta ka kota niat ngarobah nasib,geus bosen jadi jalma teu boga.susuganan mun di kota boga pagawean.

Lain ijasah nu di pake modal agus da puguh kur tamat SD,tapi modal agus kur niat tekad jeung otot.

Selang sababaraha taun,agus mulang mawa kasuksesan..tatangga euneur ngobrolkeun agus nu balik naek mobil sedan .

"Teu nyangka nya si agus nu tadina bengal jadi benghar,nasib...nasib"
Ceuk tatanggana.
Agus ge teu poho ka batur bengal baheula,kabeh sobat di acretan rizqi ku agus.

Imah ma Onah nu panggung bari geus ayud di sulap ku agus jadi imah permanen,gedong sigrong lengkep jeung parabotna.
Tisaprak sukses agus mineng ngalongokan ma onah bari mawa anak pamajikan..

Ma Onah teu kendat muji sukur..sukur anakna sukses,sukur Agus geus jadi jalma bener..euweuh deui kabagjaan indung iwal ningali anak cageur bageur bari bener..

Eta kabeh teu luput ti jerit hate indung ngaliwatan du'a jeung jasa Sarah,pamajikan ka 1.
Tok tok tok
"Ma....buka panto"
Ceuk Agus..teu lila bray panto muka,ma onah kaluar bari di mukena keneh

"Aeh ujang,naha balik salah mangsa?"
Tanya ma Onah bari ngudar mukena.
"Aya naon jang? Ema mah sok rarewas bisi maneh kumaha onam"
Ma onah mindo nanya sangges Agus diuk na korsi.
"Ma aya kopi? Mun aya jieunkeun"
Ceuk agus teu ngagubris pananya indungna..

Leos ma Onah ka dapur,teu kungsi lila sor kopi ngebul diasongkeun..sengit ngadalingding ka angin angin..regot nu ngetik pipilueun nguyup kopi..am urab sampeu..cacamuilan bari ngetik.

"Sok jang ngomong ,aya naon balik teu mawa barudak,mana mobil? Ema sono ka incu"
Ma onah norotot nanya agus.atuh derekdek Agus ngalalarkeun naon nu geus kajadian.

Ma Onah kaget ,tuluy istigfar bari ngomong

"Astagfirullah ujang......"
"Nya ma,uing rumasa salah geus nganyerikeun pamajikan"
Ceuk agus bari nangkeup sirah..
"Ujang eta teh gogoda rumahtangga,cobaan keur maneh jeung keur neng Sarah,Allah keur nguji maneh,bisa mawa atawa hente di paparin rizqi nu lewih ku gusti ?"

"Tapi maneh kara di bere rizqi sakitu maneh geus ngalajur napsu.naha teu dipikir pi'akibateunana jang?"
"Ema ge amek jang ngadenge maneh nyandung...gustiii...boro ema geus jongjon nyaksian rumahtangga maneh pinuh kabagjaan,harta teu kurang...ujang sing inget ks purwadaksi"

Ma Onah ngelingan agus..

"Maneh bisa hirup senang teh lantaran neng Sarah...ayeuna ku maneh di hianat..di nyenyeri..pantes neng Sarah rek ngontrog oge"
Agus teu lemek teu nyarek..rumasa hianat ka Sarah..

"Ieuh ujang...jadi jalma mah ulah luput sukuran.ulah poho ka nu boga jasa,kudu bisa mulang tarima,sing inget ka purwadaksi,
Urang teh saha...asal timana..kumaha mimitina"

"Nya ma..mana uing balik ge rek niis"
"Pertahankeun sangkan rumahtangga teu ancur"
"Ulah benang di ancurkeun ku pamajikan nu ngora..piceun nu ngora mah"
"Ema teu satuju mun maneh nyandung,ema karunya ka neng Sarah,manehna mah bageur jaba sopan..nya soteh ti kota tapi teu adigung"

Ma onah bebeakan ngelingan agus...

"Uing ge embung pisah jeung Sarah,rek dipertahankeun ema "
Ceuk Agus bari ngagoledag dina korsi..leos we ma Onah mh sare ka kamarna..otak agus uleng mikir kumaha carana sangkan pamajikanana bisa dipertahankeun 2nana.

Tugenah si agus,abong curucus ceuk nu ngetik bari am kana urab sampeu...
Kocapkeun balukang hj Dahlan nu ngahiung ngabelesat muru Sarah..Sarah waspada,juru panon Sarah ngagiler ka lebah Hayati nu ngadegdeg bari nangtung..cle sarah geus aya tukangen hayati..

"Buggggg"
"Awwwww"

Sora balukang nyayang na leungeun hayati nu replek nungkup beungeut tina samberan balukang,orokaya balukang ngababuk leungeun hayati..hayati ngoceak bari ngalumruk kana ubin.

Hj dahlan teu kaburu mengparkeun balukang kabawa tanaga sorangan.
Nyelll hj Dahlan beuki nafsu..ret ka Sarah

"Mantog siah c****r...teu sudi gogobrog dewek katincak ku awewe edan..jor mantog u***""uk"
Curuk hj dahlan meni ngacir ngacir we kana beungeut Sarah
"Hahaha dasar aki aki lebokeun tetelo...rajeun wani ka bikang hahaha cuhhhh"

Sarah nyeprot kahareupeun hj Dahlan.

"Aing ge najis kudu nincak gogobrog beling aki aki belewuk!!!!
Aing kadieu rek ngokod emas aing nu pake maskawin"

Hj Dahlan beuki teu untup nahan napsu..dihina ku pantar budak,hj dahlan poho ka temah wadi..serenteng hj dahlan nyerang Sarah make balukang nu tadi..

"Bapa....."
Salis ngajanteng bari nyepeng kotak..hj dahlan ngaregog...
"Kajero eneng,keun si u****g mah ku bapa di warahna"
"Atos pa isin ku batur"
Ceuk Salis ngalengis.
"Teteh...mangga ieu kotak perhiasan ku abi di wangsulkeun deui..tos ayeuna mah teteh ulah kadieu deui..abi ge tos narah dipihukum caroge teteh,mangga ayeuna teteh geura uih,isin ku batur"

Leuleuy keudeu salis ngomong bari ngasongkeun kotak..etah da ngan sakilat kotak di rebut ku hj Dahlan bari nyarekan Salis

"Ari maneh bodo eneng..ngarah naon mikeun emas ka awewe gelo...ieu emas geus hak maneh..milik maneh...maneh nu boga.."
Ningali kotak di rebut hj Dahlan,Sarah napsu lain dikieuna.

"Hey aki hawuk!!!! Kadieukeun eta kotak aing..si agus teu gableg nanaon,tuh k***** l si agus hakan ku sia,aing geus teu butuh"

Ceuk Sarah bari rek ngarebut kotak tina leungeun hj Dahlan..ningal Sarah rek ngarebut kotak teu antaparah ngan habek!!!! balukang hj dahlan neunggeul kana tonggong

"Awwww"

Nu ngoceak Salis anakna..
Sihoreng Salis megatan bapana sangkan teu nyilakakeun Sarah..awak Salis ngahaja ngahalangan awas Sarah nu rek di babuk hj Dahlan..
Rumpuyuk awak salis nu keur gede beuteung rubuh kana ubin..haji dahlan calangap bakat rewas..

Cag....enjing di lajeung..

Nyieun ubar ku cipati
Diwadahan piring gelas
Nu sabar eta pinasti
Ku Allah dipikawelas


Carita Sunda Hasil Karya:

Maryani Titing, profile picture
Maryani Titing
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

  •   Dadan jeung Deden Tatarucingan   Deden: "Dan! Ari jelema pang bodona di dunya ieu jelema naon?"Dadan: "Anu gelo!"Deden: "Lain!"Dadan: "Diajak ulin, diajak dahar!, …
  • Lodge maribaya via www.instagram.comAssalamualikum ya ahli komen heeeeBae bubuk ranginang ge da lain bubuk dihaja,kadiukan ku nu ngetik,kopi indocafe meleding siap matura…
  • Assalamualaikum ya.....ahli baper...tepang deui sareng nu ramona lencop nu dijeujeuranCIPANON INDUNG (19)Ngawitan ku suruputna kopi,nu ngetik mimiti nuluykeun hanca..."Keur na…
  • Assalamu'alaikum Sampurasun, Hampir setiap suku atau wilayah di indonesia memiliki kata-kata bijak dengan beragam bahasa, salah satunya Sunda. Meskipun terdengar asi…
  • Postingan ini tidak bermaksud untuk menyinggung atau menyudutkan beberapa pihak, Ini hanya sebagai pembelajaran bagi kita semua.  Bedana , ari ku pamajikan dititah ngasuh buda…
  • IlustrasiUrab sampeu jeung kopi ngebul geus siap maturan ngetik...Agus....mulang ka ci anjur rek niiskeun pikir..tisaprak kapanggih nyandung manehna can wani balik ka imah Sar…

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6