Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Bobodoran Sunda: Si Bekur Tukang Jail Indit ka Arab

2 min read
chaklyraflesia

Si Bekur teh sabeneur na mah bageur da jelema na mah, Sok tara nya'ah barang bere ka batur, Boga ka nya'ah ka sasatoan. Di imah nage ngingu sagala ti mimiti nu leutik katut kanu gede. Ngan he'eh ateul kana Jailna da eta reseup nempo batur "Paciweuh Riweuh" teh.

Lami-lami mah si bekur teh sadar geuning eta kana kalakuan na. Maneh nage embung mun di kitu-kitu ku batur.

Indit Ka Arab Nebus Dosa jeung Miceun ka Era

Tungtung namah si bekur teh ek tobat cenah. Moal deui-deui jail ka batur. Ngan ku sabab era ek ngaku jeung menta hampura ka jelema salembur anu pernah di jailan.

Si Bekur mah mending indit wae ka arab. Sa'enggeusna neupi ti arab, Si Bekur teh kabingungan erek kamana, Ek gawe naon di arab. Jaba beteung na kukuruwukan wae, Boro-boro pupurucutan mo&ol kos di lembur ku sebeuh dahar.

Duitna beak ku ongkos, Si bekur teh ngaharepkeun we sugan manggih dahareun di jalan.

Panas nage asa Banget poe wae di arab, padahal isuk keneh

Si bekur masih kukurilingan sapanjang jalan rek neangan pagawean jeung warung pianjukeun sabab si bekur geus teu kuateun ku laparna.

Nempo Keresek ditengah jalan

Ari degg teh meuni atoh si bekur nempo aya keresek ditengah jalan, "Waah pasti dahareun urang arab yeuh anu murag" ceuk si bekur.

Gewat we lulumpatan ek nyokot eta keresek. Tapi si bekur ngadak-ngadak nyentug hate nateh pedah inget keur di lembur maneh na sok mo&ol na keresek.

"Aaahhh ieu mah pasti Taeun, Hahahh moal kuring mah moal katipu" ceuk si bekur bari malik deui leumpang ka arah sejen.

Tapi kusabab beteung na disada deui, Si bekur mikir deui "aaahhhh ma'enya di arab aya taen, Paling aya nage tara di kareresekan kos aink" ceuk na jero hate si bekur.

Ribut we malik deui a'alonan bari ngadedelek keresekna. "Cokot entong. Cokot.. Entong" kitu kaayaan nana teh.

Bari luak-lieuk si bekur geus keur nagog nungkulan keresek bari dibuka alon-alon.

"Ttuuuuuhhhh nyaaa ceuk aing ge ieu mah Taeun.... Taeun...."

Bersambung...
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6