Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Dongeng Sunda Zaman Baheula: Boedak Sangsara

5 min read
Dongeng ieu dicutat tina buku PARIBOGA Salawe dongeng Sunda beunang ngumpulkeun C.M.Pleyte diterbitkeun taun 1911. Dongeng BUDAK SANGSARA asalna ti daerah Galuh (Ciamis ayeuna), ieu teh numutkeun catetan dina daftar eusi. Dongeng ieu ngahaja diposting dina blog Chakly anu namina Geeglehayoo Mugi aya mangpaatna.

BOEDAK SANGSARA. 


Dina hidji mangsa aja boedak awewe, kolotna kira-kira lima tahoen. Indoengna geus paeh, bapana boga deui pamadjikan. Saboeat bapana keur njatjar pihoemaeun, eta boedak koe indoeng terena sok dititah ngala tjai ka tampian, dibahanan kele totos. 

Děmi keur oesoem njatoe, hoeloena sok dibaloer koe remeh. Hidji poë boedak teh keur ngeusian kele bari kakawihan; kieu ngawihna: ,,indoeng, indoeng hajang njatoe, kele teu daekeun pinoeh, bapa poma oelah djongdjon, eta njatjar pihoemaeun". Oenggal poë eta boedak teh kitoe bae. Ari bapana, ana datang tina pagawean teh sok boerit, nanja ka pamadjikanana pokna: 

,,boedak teh čnggeus dahar?" Tjek indoeng terena: ,,énggeus, geuning, remehna oge mani pinoeh kana hoeloe-hoeloena". Oenggal-oenggal bapana indit kana pagawean, anakna toeloej ka tjai deui. Pok ngawih deui: ,,indoeng, indoeng oelah paeh, ka koela taja noe njaäli, indoeng tere maloer remeh bapa sok kapiandělan". Toeloej boedak teh kelena dipitjeun. toeloej Geus kitoe, manehna mapaj-mapaj tampian ka girang bari ngawih: ,,indoeng, indoeng hajang njatoe". 

Geus těpi kana tangkal loa gěde pisan, boeahna roehroej. Di loehoerna aja areuj boelat-beulit. Ti dinja eta boedak naek mapaj kana areuj. Barang-něpi kana dahan, boeahna toeloej diasaän bari ngawih : ,,amis teuing boeah loa, asa kedjo indoeng tere". Ngawihna eta boedak mělas-mělis; meunang toedjoeh poё, toedjoeh peuting dina loehoer kai: 

amis teuing boeah loa, asa kedjo indoeng tere, djoerig sia geura njangkir, barahala geuat njingkah, seungseureudan oelah deukeut, aing boedak keur sangsara". Dina loehoer kai, eta boedak kaheēsan. Ti dinja ngimpi aja indoengua njampeurkeun, bari ngomong, tapi rasana eta boedak lain dina loehoer kai. Kieu pokna: ,,anak ing anak aing deudeuh, banget teuing, oelah poepoes lain oesoem, oelah hilang lain mangsa, Njai teh koedoe wajahna, oelah toeroen deui ti dieu, abeh gampang neang njai". 

Sakitoe omongan indoengna teh. Ana lilir, boedak teh ingět keur nangkod dina loehoer kai, seg ngawih deui: ,,amis teuing boeah loa, asa kedjo indoeng tere, kadoehoeng teu boga indoeng. boga bapa sok tambelar, top djoerig ing geura hakan, oraj gěde geuat teureuj, kelong aing geura raoe, indoeng pach teu djeung aing, indoeng hilang henteu mawa, anak tinggal kasangsara". 

Ari indoeng terena mah beuki atoh bae ditinggalkeun koe anak terena teh. Katjatoerkeun bapana ti hoema geus datang. Nanjakeun ka pamadjikanana: ,,ka mana boedak teh, ngěděng atawa oelin ?" Pok pamadjikanana ngawangsoel: ,,oenggal peuting oge tara daek tjitjing di imah, ti beurang nja kitoe kench, boga anak tea bangkawarah těměn". 

Pok deui salakina ngomong: ,,masing njaäh ka anak teh, masing gěten ari ka anak tere, ari bogoh ka bapana, koedoc njaäh ka anakna; di mana ajeuna boedak teh?" Wangsoel indoeng terena: ,,da koedoe koemaha, ari njaäh? Geuning mere barang hakan oge datang ka pinoeh kana hoe- loe-hoeloena" ,,Bieu mah ka tjai djorna," tjek indoeng terena bari baeud. Bapana indit bari rek mandi. Ari datang ka tampian, teu aja boedak teh; ngan manggit kele totos bae. 

Geus kitoe, bapana tjengkat bari nendjo ka girang, uga- denge sada anoe ngawih: ,amis teuing boeah loa, asa kedjo indoeng tere, toegenah teu boga indoeng, nalangsa leu boga bapa, hoeloe dibaloeran remeh, indoeng roesoeh teuing poepoes, hilang hěnteu daek mawa, koela hiroep kasangsara, boga indoeng tere bohong, boga bapa sok andělan ieu indoeng koering di loehoer, langkoeng-langkoeng nja nalangsa, koering henteu barang hakan, dibahanan kele totos, dieusian hěnteu pinoeh". 

Kadenge koe bapana ti handap, boedak teh keur ngawih bae, bapana tanggah. Ana dipělong, těrang noe ngawih teh anakna. Aloeh gěragěro bapana tjeurik djeung ngagoepajan ka loehoer, bari ngomong kieu: ,,deudeuh teuing, anak bapa geura toeroen, ieu bapa datang, ngahoema soteh adjangeun, njai. Geulis-geulis geura toeroen, ieu bapa mapagkeun" Kitoe tjeurik bapana tanggah bari ngagoepajan; rek naek, kalangkoeng hese kawantoe gede tangkalna. 

Djongdjon bae boedak teh ngawih: ,,indoeng, indoeng hajang njatoe, bapa hajang barang hakan". Bapana tanggah bae, teu toengkoel-toengkoel bawaning njaäh ka anak. Boedak tch naekoa beuki loehoer. Ana toengkoel, bapana, toeloej maot tina kaedanan koe anak. Ti dinja eta boedak teh toeroen. Toeloej bae leuleuweungan, tépoeng djeung ratoe aoel hindi. 

Pokna ratoe aoel hindi: ,,ieu manoesa ti mana? Ti bareto aing hajang ngahakan boedak tjeurik, ajeuna manggih". Eta boedak tjeurikna beuki bědas, bari njebakeun maneh, pokna: ,,ch, djoerig, seug bae koela geura, hakan, boeoek salambar, gětih satetes, oelah aja anoe disesakeun". Eor manoek disarada dina loehoer tatangkalan, pada miloe tjeurik kabeh, wělas ningali manoesa. Doedoet mangnoedoelikeun djalan, heulang pada nalalangsa, ekek pada njěri hate, djoelang pada miloe mělang, sarta barina papatah. ,,Eh, manoesa, oelah rek djalan ka dieu, moelang deui kana oeroet djalan tadi". 

Moelang deui eta boedak teh tina leuweung. Dongkap kana hoema, ngioeban dina saoeng kosong tjeurik rěgah-rěgih sasambat bapa-bapaän. bari Djol anoe ngoendeur, wawoeh djeung bapana. Tjek noe ngoendeur teh: ,,montong tjeurik, bapa sia geus paeh, indoeng tere sia geus kaboer, anggoer hiap, oerang balik djeung aing". Boedak njampeurkeun, toeloej dibawa koe anoe ngoendeur. Mangsa harita eta boedak teh tatjan boga ngaran. 

Sore eta boedak ka tjai, doeaän djeung anoe ngoendeur tea, bari dimandian, moeroeb mantjoer tjahajana. Geus kitoe, toeloej bae dingaranan Rara tangis sarta toeloej bae diakoe anak. Lila-lila eta Njai Rara tangis djeung indoeng poeloengna sagala pěpělakan lěga pisan mělak awi tambah djadi, nga- hoemakeun teu koe hama. 

Eta Nji Rara tangis teu pisan ditinggal sabab gěde dara- djatna; sanggeus aja ela sagala pěpělakan djadi kabeh. Kira-kira geus meunang toedjoeh tahoen eta boedak di dinja- na, raboel pada naranjaän ti oenggal lěmboer; kawoewoeh Nji Rara tangis geus běger, geulisna teh beuki teu aja tandinga- nana bae. Tatangga pada koempoel: tjektjok anoe silihitjabok, ear noe silihtjarekan. 

Ti dinja aja hidji aki-aki hoentoena kari hidji deui, boga doeit tiloe doeit. Toeloej ka toekang goesar, rek menta digoesaran; sanggeus digoesar, toeloej němpo ka Nji Rara tangis batan těgěp mah anggoer siga landjam tatanen. Sioch ngagěloetan intjoe, silihdoepak djeung anakna marěboetkeun Nji Rara tangis. 

Tapi taja noe ngadjadi koe sabab lain djodona. Katjatoerkeun di nagara Bitoeng woeloeng, ratoe Rangga waringin misarang ka doca saderekna istri, neangan pigeu- reuhaeun anoe geulis. Teu lila neanganana geus dongkap ka noe geulis Rara tangis. deg. Tjek anoe neangan: ,,njai, disaoer koe ratoe". Nji Rara tangis reuaseun djeung indoeng poeloengna ngadeg- Tjek piwarangan: ,,montong reuas-reuas; hajoe bae, oerang indit". Gantjangna angkat djeung indoeng poeloengna. 

Teu kaljaloerkeun di djalanna, kotjapkeun geus kap bae. dong- Katingali koe ratoe, toeloej ditjandak ka boemi, sarta ratoe sasaoeran: ,,njai, anoe matak diala, akang aja karěp, anoe mawi diangkir njai koe čngkang, rek dikawin". Gantjangna ditikah koe ratoe, indoeng poeloengna diangkat ratoe sěpoch, djadi toekang njimpěn sagala barang-barang. Tah, kitoe kadjadianana: ,,noe malarat kalaraän anoe geulis teu indoeng teu bapa, hanteu doéloer hanteu aki, toengtoengna soegih moekti djadi ratoe, beurat beunghar teu makaja.
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6