Wanci beurang nu cikeneh marengan
Ilang kasilih digjayana peuting
Lalakon kahirupan nu tadi beurang di pilampah
Ukur jadi lakon lawas nu moal bisa dibalikan deui
Jadi catetan panjang nu moal leungit sanajan sakecap
Estu natrat dina ukiran sajarah kahirupan
Nu baris nangtukeun bagja jeung cilakana manusa
Guareun di alam nu bakal datang
Weungi ieu urang sumujud kanu Maha Kawas
Ecagkeun sagala lalangse hate
Nu baris jadi ruruhit kahirupan
Guar deui lalakon kahirupan anyar.
Isuk pageto susuganan pinanggih jeung kabagjaan.
Pepeling Keur Urang Sunda Bahasa Sastra Sepuh Baheula
Pepeling di handap ieu ditulis khusus pikeun urang sunda anu ngemutan ajen jeung papatah kolot baheula. Sepuh urang sok rajeung ngaluarkeun kalimah anu ngandung makna jero dina sastra sunda anu kiwari geus ampir tumpur. Lebah dieu penting pikeun saha wae anu bade ngamumule basa sunda, ngangkat deui sastra anu mangrupa pepeling sastra bahasa sunda.Ieu pepeling singket sepuh baheula dina basa Sunda kulon (Banten, Serang, Tangerang) :
Anom... mungguh kitu ari hirup, mudu leumpang nyorang leuweung hurip na. Halangan jeung harungan, taya towongna, megatan di jajalaneun. Urang mudu eling, kumelendang teh hanteu nyorangan, dina harti asa aing pangpunjulna. Dia mudu inget, di beh ditueun langit teh apanan aya langit deui. legana awun-awun, legana jagat buana panca tengah, rempeg ku hurip jeung kahirupan nu teu kajeujeung ku mata lahir. mangkeluk-mangkeluk jirim jisim nu lalemes, nyaraksian sabudeureun kahirupan urang.
Manusa leuwih punjung batan makhluk sejena, sabab dibere akal jeung pangabisa. Pangabisa eta gumantung kumaha lantipna pamuhit urang.. urang mudu apal reujeung lilinggeranana. Mudu nyaho hirup jeung kahuripan nu kumeling di ieu buana, nyaho kalawan jero-jeroanana. jampena, ajenan sakabeh nu kumelip, ti mimiti tongo tepi ka gajahna, ti mimiti lukut tepi ka tangkal kiara na, ti mimiti nu teu kajeueung tepi ka nu teu kajeueung. Eta teh kabeh ge ciciptan nu diancokeun pikeun maturan hirupna urang, maranehna teh babagian tina kahirupan urang.