Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Carita Si Ujang Budak Anu Pangkebluk-keblukna Sakola

6 min read
Carita ieu mimiti dibagikeun ku "SundaNgaco" pedah aya basa sareung kalimat nu seusah di artikeun sareung kirang panteus saalit di zaman ayeuna, Janteun di sampurnakeun deui ku Chakly Raflesia di Blog GeegleHayoO ieu. Mangga bilih bade ningali postingan asli na, Sadayana tiasa maca didieu: Pangmalesna Ieu Budak

Carita Si Ujang Budak Bangor jeung Pangkebluk-kebluk na di Sakola

foto ilustrasi budak bangor jeung kebluk

“Ujang, Jang pangmeulikeun Kapal Api opat bungkus. Ieu keur Pak RT, Pak Lurah, jeung Bapa!” Bapana nitah ka Ujang. Kabiasaan, Ujang mah sok ngaleuweuh mun dititah teh.

“Ieu urang keur reseup maen PS 2, Ditiah deui, dititah deui (ujang ngagereunyeum) Mangga Pak,” Ujang kaluar sabari lemes jeung kusut buukna. Bapana ningalina oge pikageluheun, Lantaran nyaho si Ujang tara mandi.

“Tah ieu duitna, Jang. Duh, Sanggeus eta, Omat maneh kudu mandi, Bapa mah isin ningali maneh blenak-blenek kitu” 

“Ya ,ya kuring ke ge moal bakal mandi. Eh salah. Moal bakal tara mandi deui !” Ceuk Ujang sabari lumpat ka warung.

Pak RT, Pak Lurah, jeung Bapana ngaleuweung-leweung (ngaharuleung) ningali Kalakuan Ujang teh, Lantaran ayeuna keur libur sakola. Liburna teh nyesakeun 5 poe deui, Mantakna si Ujang beuki “teu waras”. Contona: Tara mandi, Maen PS 2 nepi ka subuh-subuh, Jeung kalakuan bangor sajabana.

Ieu teh pikeun si Ujang puas kana liburanana, jeung henteu kudu diajar ku buku deui dina liburan mah. Ieu teh kasempetan nu alus pisan, Tah eta jiga na nu aya dina pikiran si Ujang mun keur liburan teh.

“Mandi, Jang !” Bapana nitah kitu ka Ujang. Si Ujang teh asa geus kandeul bengeut (eweuh ka era) Lantaran geus kelas 2 SMP, Tapi masih keneh kudu dititah wae mandi-mandi oge. Si Ujang geus mulai ngagugu, Nyokot handuk jeung sabun, Tapi anggeur weh sabari leleus liat ka kamar mandina teh. Tos mandi, Si Ujang mah geus aya di kamarna deui maen PS 2. Kitu jeung kitu we tingkah polah si Ujang dina liburan na teh. 

Henteu karasa si Ujang tereh asup sakola, Bagean asup sakola, Ari di hudangkeun ti kameur teh sok hudang tapi gudubrag deui sare na korsi, Di hudangkeun deui na korsi ngadong mosdil lila di wc bari nundutan. Waktuna asup kelas, Sabari hoream jeung tunduh, Si Ujang diajar di kelas. Ngan si Ujang wungkul nu pangkeblukna. Babaturanna mah garetol diajar kusabab rek asup Sapuluh Besar. Poe ieu barudak sakola geus dibere loba PR, Geus nyaho si Ujang moal ngagawekeun eta PR.

Mun isuk-isuk, si Ujang mah sok nyontek kana hasil PR batur. Mun si Ujang ngagawean PR, Cirining (pertanda) eta teh geus meunang barokah ti Gusti Aloh. kitu anu aya na jero pikir babaturan sakola na ujang. 

“Ieu teh aya PR MATETMATIKA, BIOLOGI, EKONOMI, Jeung Basa Inggris. Geus lah niron (nyontek) ka batur .” ceuk ujang ka keny babaturana

"Ken, ken, Isuk-isuk urang nginjeum PR maneh nya?" ceuk si Ujang. "Heeh sok lah, Ke di berean niron PR urang, Karunya bisi leweuh.” Tembal Kenny bari ngeleg ujang pedah geus bosen kana kalakuana. Nginjeum PR atawa niron geus jadi kamus paribasa si Ujang. Eta nu nyieun nilai-nilai si Ujang teh beuki butut jeung jeblok lantaran tara nyieun PR sorangan, Tapi kalah ngandelkeun batur. Padahal mah mun ngarah di hajakeun mah da teu bodo-bodo teuing otak si ujang teh. Ngan bangor hungkul. 

Mun ulangan teh tara diajar heula, Si ujang mah sok ulin ka babatura na nu pinter, Datang ka imahna ngajak ulin (Ngolo, Ngabebenyokeun), Tah isukna Tuluy we niron.

Mun diajakan kerja kalompok, Sok embungeun jeung pasti we loba aleusan . Misalna, Neumpo batur nu geuring, Atawa si Ujang sorangan na geuring. Jadi, si Ujang mah ngan "numpang ngaran" hungkul dina kalompok na teh.

Isuk-isuk geus biasa si Ujang negong bari nyalin PR nu batur, Namung hiji waktu tingkah polah si Ujang kanyahoan ku Pak Mandes, Guru Fisika nu galak. Ningali aya budak nu keur nyalin PR, dicarekan we jeung dibejaken tah ka wali kelas na. Wali kelasna, Pak Regi, Sarua galakna teh jiga Pak Mandes. Puas tah dicarekan ku 2 guru galak. Ledek babaturan na bari atoh da si Ujang tea pikasebeleun. 

“Hampura Pak, Hampura, Pak abdi moal nyieun PR di sakola deui…” Segruk ceurik si Ujang teh. Namung, Pak Mandes jeung Pak Regi keukeuh mawa si Ujang ka kepsek. Sanggeus diadukan kana kepsek, Bapana si Ujang dipanggihan bari dibere laporan nilai. Sabab, si Ujang sok nyumputken laporan nilai, Raport oge disumputkeun. Tungtung na mah Bapana geus nyaho ayeuna mah si Ujang keur naon wae di sakola. 

Ayeuna, Bapa leuwih getol ngontrol jeung merhatikeun tingkah polah si Ujang. PS jeung kaulinan digembok ambeh henteu dipake ulin si Ujang. Sapopoe si Ujang kudu migawean PR nu aya neupi ka si ujang poho kana kalakuan bangorna. Akhirna si ujang teh jadi pinter, bageur tur bener jeung nurut papatah indung jeung bapana.


Tingali Oge: Kumpulan Status facebook Sunda Lucu Tentang Jurig
   

Kumpulan Status facebook Sunda Lucu Tentang Jurig

Disclaimer : Konten ini hanya untuk sekedar hiburan semata, Tidak ada teks dan gambar yang sengaja dibuat untuk maksud tertentu. Jika artikel ini men…
Ada Apa Dengan Sunda? ~ Cerita Dena
   

Ada Apa Dengan Sunda? ~ Cerita Dena

Ini adalah sebuah kisah yang sangat menginsfirasi bahwa keberagaman itu memang sangat indah. Dan perbedaan bukanlah masalah. Berikut adalah Cerita D…
Cipanon Indung ~ Carita Sunda
  

Cipanon Indung ~ Carita Sunda

Assalamualaikum  ya.....ahli baper...tepang deui sareng nu ramona lencop nu dijeujeuran CIPANON INDUNG (19) Ngawitan ku suruputna kopi,nu ngetik mimi…


Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6