1. Kaėndahan Alam
Cahya panon poė, nya’angan kana haté
Hiliwirna angin nyieun tiis kana raga
Tatangkalan ting garupay, nambih nyieun ėndahna alam
Lemah cai negeri nu can kena ku polusi
Alam ėndah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu dipupusti
Supaya tetep asri lestari
Artinya:
Cahaya matahari, menerangi dalam hati
Berdesir angin membuat sejuk dalam raga
Pepohonan melambai-lambai, menambah indahnya alam
Tanah air negri yang belum terkena oleh polusi
Alam indah yang nyaman
Jangan sampai punah
Oleh kita harus dijaga dengan baik
Agar tetap asri lestari
2. Alam Ciptaan Gusti Nu Éndah
Angin tiis dongkap dina poé isuk
Mapagkeun panon poé isuk-isuk..
Hejona tatangkalan endag-endagan katiup angin
Nuhun pisan gusti, kanikmatan sadaya anu tiasa abdi rasakeun..
Kaéndahan alam nu tos anjeun ciptakeun
Janten nyata kakuasaan nu teu aya tandingan nana..
Artinya:
Angin sejuk datang pada pagi hari
Menjeput cahaya matahari pagi-pagi
Hijaunya pepohonan bergerak-gerak tertiup angin
Terimakasih sekali tuhan, kenikmatan semua yang bisa aku rasakan
Keindahan alam yang sudah kau ciptakan
Menjadi nyata kekuasaan yang tiada tandingannya
3. Éndahna Désa Abdi Teu Aya Duana
Sora manuk tina balik dahan..
Sorana ngenah jiga tembang kawih
Alam éndah pinuh ku daya sima
Tatangkalan hirup subur..
Sora angin nu sing hiliwir ngusapan raraga
Kaéndahan alam desa abdi émang teu aya duana..
Artinya:
Suara burung dalam balik ranting
Suaranya enak seperti nyanyan lagu
Alam indah penuh oleh daya pesona
Pepohonan hidup subur
Suaraa ngin yang berdesir mengusapi raga
Keindahan alam desaku memang tiada duanya
4. Alam Nyien Abdi Sumanget
Abdi muka soca..
Katingali, panon poe isuk nu nembus kana jero rohangan
Abdi muka jendela..
Katingali, halimun tina balik tatangkalan padesaan.
Netesna embun ngabaseuhan daun-daun dina tangkal
Sora-sora manuk karasa merdu kadengena..
Angin nu ngahembus nambih sumanget jiwa raga
Tina alusna kaendahan alam ieu, abdi sadia ngajalankeun dinten ayeuna.
Artinya:
Aku buka mata
Terlihat, mentari pagi yang menembus ke dalam ruangan
Aku buka jendela
Terlihat kabut dalam balik pepohonan pedesaan
Tetesnya embun membasahi daun-daun di pohon
Suara-suara burung terasa merdu terdengarnya
Angin yang berhembus menambah sangat jiwa raga
Dalam bagusnya keindahan alam ini, aku bersedia menjalani hari sekarang
5. Ningali Endahna Alam Di Bukit
Sora tiupan angin basisir karasa endah
Ombak-ombak nu ararageung nambih daya tarik alam
Halimun isuk ngabasehan pare sawah nu harejo
Gunung nu luhur ngajulang makmur tur répéh
Abdi calik dina luhur bukit gunung..
Ningali endahna kaendahan alam ciptaan pangéran ieu.
Artinya:
Suara tiupan angin pantai terasa indah
Ombak-ombak yang besarmenambah daya tarik alam
Kabut pagi basahi padi sawah yang hijau
Gunung yang tinggi menjulang makmur dan diam
Aku duduk diatas bukit gunung
Melihat indahnya keindahan alam ciptaan tuhan ini.
6. Endahna Desa Tos Teu Aya
Éndahna désa nu harita alus duka kamana
Alam nu tadina hejo ayeuna tinggal carita
Desa abdi ayeuna barobah tos jadi kota
Kamana dei abdi neangan ka endahna?
Ayeuna nu aya tinggal karasa hariwang
Sabab alam desa abdi nu endah ayeuna tos teu aya.
Asa ku geunah ningali leuweung anu harita
Rupa-rupi sasatoan aya kabeh didinya
Nanging, jalma-jalma nu teu boga etika tos ngaruksak alam..
Tatangkalan dibabad beak ku maranehana nepi teu ka sesa
Leuweung nu sakitu gedena di beuleum nepi kabeakna
Pikeun kabutuhan sakumpulan jalma-jalmi nu teu boga etika.
Artinya:
Indahnya desa yang dulu bagus tak tahu kemana
Alam yang tadinya hijau sekarang tinggal cerita
Desaku sekarang berubah menjadi kota
Kemana lagi aku mencari keindahannya
Sekarang yang ada hanya terasa gersang
Sebab alam desaku yang indah sekarang sudah tiada
Terasa enak melihat hutan yang dulu
Rupa-rupa hewan ada semua disana
Tetapi, Orang-orang yang tidak punya etika sudah merusak alam..
Pepohonan di pangkas habis oleh mereka ampai tidak terisisa
Hutan yang begitu besarnya di bakar sampai habisnya
Untuk keutuhan sekumpulan orang-orang yang tidak punya etika
7. Ka’ayaan Désa Abdi Harita
Unggal peting kadéngé sora jangkrik nu ngaderik
Silih patembalan dina peting jiga alunan musik
Saetik tiasa ngubaran kaayaan haté anu nalangsa
Ngingetkeun abdi kana lalampahan basa letik harita
Sora hayam nu silih patembalan ngahudangkeun abdi
Suara manuk nyaranyi ngaramékeun kaayaan di desa
Oh, éndahna kaayaan alam di desa abdi..
Angin seger sing hiliwir tina tatangkalan nu salubur didinya
Tiupan angin karasa tiis tina kaayaan isuk di desa
Tiisna ibun narempel tina dahan-dahan tangkalna.
Mani endah pisan pemandangan désa abdi baheula
Nanging warsih ayeuna tos loba wangunan sareng pabrik didinya
Ngagantikeun kaéndahan pamandangan alam desa abdi nu harita.
Artinya:
Setiap malam terdengar suara jangkrik yang menderik
silih bersahutan dalam malam seperti alunan musik
Sedikit dapat mengobati keadaan hati yang sedih
Mengingatkan aku dengan langkah saat kecil dulu
suara ayam yang bersahutan membangunkan aku
Suara burung bernyanyi meramaikan keadaan di desa
Oh indahnya alam desaku..
Angin segar berdesir dari pepohonan yang subur disana
Tiupan angin terasa dingin dalam keadaan pagi di desa
dinginnya embun menempel di ranting-ranting pohonnya
Begitu indah sekali pemandangan desa ku dahulu
Tapi tahun sekarang sudah banyak bangunan serta pabrik disana
Menggantikan keindahan pemandangan alam desaku yang dulu
8. Endahna alam Kamana?
Batu karang katembong dilautan
Sawah éndah nyieun anteng raraga
Nanging sawah nu loba ayeuna tos teu aya
Ku sabab mesin-mesin badag anu murka
Di taekan ku jalma nu durjana..
Ngarusak sadaya sawah-sawah nu aya
Kitu, ngan saukur neangan kakayaan samata..
Artinya:
Batu karang terlihat dilautan
Sawah indah membuat betah raga
Tapi sawah yang banyak sekarang sudah tiada
Oleh sebab mesin-mesin besar yang murka
Di naiki oleh orang yang durjana
Merusak semua sawah-sawah yang ada
Begitu, hanya sekedar mencari kekayaan semata.
9. KAÉNDAHAN ALAM
Tingali hejona gunung..
Taya kakirangan, kugenah
Sawah-sawah nu ngajajar
Angin nyeot nyiuman tatangkalan
Tur nyiuman hate nu nalangsa
Tingali lautan anu ngahampar
Taya ancaman, répéh tur rapih
Ombak ngaguruh salih udag
Angin nyeot nyiuman ombak
Anu nyieun anteng ka diri urang.
Artinya:
Lihat hijaunya gunung
tidak ada kekurangan, begitu enak
Sawah-sawah yang berjajar
Angin berhembus mencium pepohonan
dan menciumi hati yang sedang bersedih
Lihat lautan yang menghampar
Tiada ancaman, diam dan rapih
Ombah berderuh saling mengejar
Angin berhembus menciumi ombak
Yang membuat tenang kepada diri kita
Bonus:
PUISI BALEBAT ALAM SALIRA
Ibun-ibun maruntangan tungtung daun
Satutas lantis kacebor, girimis kamari
Dirungruman peuting, buni disimbut halimun turun ti punclut gunung
Mawa tiis panglipuran, mun wanci nepi janari
Salira gumenclang, mangsa giwangkara midang
Lir borelak mutiara, katojo hibarna cahya
Pangeunteungan kaendahan, anu tan aya bandingan
Silokaning kaweningan, nu disungsi saban diri
Nya salira… Ibun kuring salawasna.
LEMBUR PANINEUNGAN
Hujan nu ngaririncik mawa lamunan nu lawas katukang
Katembong lebah tanjakan tutuwuhan arajeg mapay ngajajar
Gunung nangtung bangun taya kasuwung
Sawah ngeplak lir ibarat permadani nungampar ngagelar
Breh ka beh kidul.. Walungan matak waas tetempoan
Tangkal kihurip ngareuy mapay dahan muncang sisi gawir
Bray ka belah kulon ngembloh satungtung panenjoKebon
Sabangsaning palawija selang sekar dipelakna
Tanah pasundan tanah kahuripan
Lembur kuring panineungan.
Puisi Kaendahan Alam dan Artinya (Puisi Tentang Pegunungan dan Pedesaan)
Sebelumnya saya mohon maaf apabila masih ada beberapa kata dalam penggunaan bahasa sundanya yang kurang sesuai, untuk itu mohon di ralat ulang. Nah, berikut beberapa kumpulan mengenai puisi yang menceritakan tentang keindahan alam seperti misalya tentang pegunungan dan pedesaan yang dikemas ke dalam bentuk bahasa sunda.
BUKIT SENYUM (Ku AmangPen)
Mapay mapay pilemburan
Suku gunung jalan jajahan
Pudunan jeung tanjakan jadi carita nu moal poho
Jog anjog hiji tempat
Linduh iuh ku tatangkalan
Camara siga nu ngagupayan
“Bukit senyum” anu luhur
Dina tangunyarna suku burangrang
“Bukit senyum” jadi catetan
Diri nyoba nyampurnakeun kaasih
Sangkan pagalo pareng ngajodo
Pareng kapancir ganjaran taqdir
Nu ngajadikeun sungkan pikeun paturay
Dina guneman kahèman
Rasa beurat pikeun paanggang
Burangrang mawa kamelang.
“Éndah lemah cai dipilemburan” oleh kustian (basasunda.com)
Jemplingna suasana peuting
Mapaes rasa nu teu geunah cicing
Sora jangkrik nu ngagerik ngulincir
Bangkong reang dzikir ka gusti hyang widi
Mun seg datang poe isuk anu bengras
Burinyay herang cahya sorot panon poé
Duh endahna poe isuk ti hyang widi
Ni’mat nu kudu disukuran ku manusa
Endah lemah cai di pilemburan kuring
Mugia tur asri salawasna
“Suasana Lembur Kuring” oleh kustian (basasunda.com)
Héjo lemok dangdaunan..
Gagah ngajulang tutuwuhan…
Ngampar sawah ti kateubihan…
Curcor cai herang di walungan..
Tikukur pating belekur, pedet pating rarecet..
Ting koceak sora gagak, ngageret sora tongeret,,
Duh éndahna suasana alam…
Duh endahna lembur kuring
Ngahiliwir angin nebak dangdaunan
Tutuwuhan nu tinggarupay ngajak teuleub kana lamunan..
Tah, didinya lemah cai kuring..
napel sakulit sadaging,,
Sok sanajan jauh dina sawangan,,
tapi mungguh deukeut dina lamunan
Bulan Wanci peting
Bulan nu nenggang nyaangan
Marahmay imut manis nyongcolak nyalira
Tingtrim diri panceg caket kanu nyiptakeunna
Alam ca’ang ka hihiraban…
Pancaran nu nenggang anteng nyaangan
Museur rungkebna panutup langit
Marengan dongkapna poèk wanci peuting
Bencana Karuksakan alam
Gunung-gunung nu parentul
Laut nu ngampar satungtung deuleu
Pasawahan hejo lembok
Rarecok ngarobrol di sawah ngarambet
Kuring nyawang asa nyeredet
hate asa seseblakan
inggis ku bisi rempan ku sugan
Gunung bitu sagara caah
Sawah henteu deui endah
Musnah di teureuy bencana
Sabab atos loba conto
Gempa bumi jeung sunami
Korbana mangrebu-rebu
Gunung bitu matak gempeur
Lebu jeung seneu haliber
Harta banda teu di tolih
Nu penting nyalametkeun nyawa
PANGNEPIKEUN HARIRING KURING
Biruna gunung nu nyungcung katinggal ti kajauhan
Ngémploh héjo kakayon matak reug-reug panineungan
Ngagenyasna cai walungan nu ngalir ti huluwotan
Ngeplak bodasna méga matak wa’as tur kagagas
Naha kunaon kiwari geus salin rupa
Kudu ka saha kuring tumanya
Cing hempék pikiran..
Cing geuwat tarékahan..
Kiwari.. gunung-gunung geus tarutung diduruk ku nu adigung
Ngémploh héjona kakayon ngan ukur pupulasan lukisan
Ngagenyasna cai walungan nu kasilih geus malih warni
Ruksakna alam geus ngotoran kasucian jeung kalanggeungan
Éndahna alam geus laas ngan ukur dina carita
Moal kagantian najan dipapaés ku pager inten berlian
Angin peuting.. pang nepikeun hariring kuring!
Rengse, Mugia janteun mangfaat tong hilap baca oge artikel nu sanesna di handap ieu! Hatur nuhun, Wassalamualaikum wr.wb