Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Carita Nalangsa Bapak Kanggo Putrina Nu Tos Maot

1 min read
Ayang, geulis anaking hampura bapa, bapa tarima lepat bapa dosa ninggalkeun hidep duaan sareng Enung, bapa ninggalkeun lembur salila tilu taun, ninggalkeun hidep duaan, najan ieu kasupakatan urang, bapa tetep narima salah.

SATADINA BAPA REK NYALAMETKEUN HIDEUP DUAAN

Geuning tetep hideup jadi korban, hideup mulang ti payun, da mun kenging nawar mah ka Gusti Alloh, Meuning bapa nu mulang ti payun teh, Naha beut hideup nu keur meujeuha mekar, nu keur meujeuha loba kahayang, Kitu mungguh ka Gusti Nu Kagungan, urang mah darma boga kahayang. 

Kadang bapa teu percaya yen USU tos mayunan, Bapa sok ngarep ngarep USU nyimpang neumpo bapa mun USU tos damel, kadang bapa ngarep ngarep sms ti USU, KADANG BAPA SOK NYARITA SORANGAN. 

SU bapa leungiteun sumanget, saha nu rek dibelaan, tapi bapa emut keneh ka Enung adi USU, nu meunang menta USU, sangkan bapa ngajieun adi USU. BAPA gaduh keneh hanca pikeun mulasara USU sareng ngurus ENUNG, sesa umur bapa nu duka tepi ka iraha, bapa teu terang. Ngan bapa asa nalangsa sadikantunna ku USU. 

GEULIS ANAKING, SING TENGTREM DI DITU. Bapa nuju kukumpul keur ngadameul BUMI USU NU TERAKHIR, Bapa bade ngadamel bumi USU tina BATU ANDESIT, nu diragaji, kaping 6 agustus hidep 40 dinten. 

Kamari dinten salasa bapa ceurik dina angkot inget ka USU, cipanon teu kaampeuh ngaragajag di Cadaspangeran tepi ka Samoja, WENGI BAPA TOS NGIRING PANGAOSAN di Segel, bapa nyandak cai dua kanggo usu, enjing ku bapa dicandak ka lembur.

GEULIS ANAKING HAMPURA BAPA, BAPA TARIMA SALAH NINGGALKEUN USU JEUNG ENUNG

Mugi Gusti Alloh NAMPI AMAL SAE usu, ngahapunten kana sanes kanten dosa USU, SING TENGTREK ANAKING DI DITU. amin yaa robal'alamin...

Cerita ini ditulis oleh Wisahya untuk anaknya Usu.

GeegleHayoO
foto Usu

Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6