Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Antosan Geulis Sakeudap Deui Aa Mulih Mentrang Carita Tresna

1 min read
Teuing sakur rarasaan
Teuing saking timburuan
Anjeun asa bararenteun
Aya naon ath anjeun..

Karetegna ieu hate
Ngaharewos ngabejaan
Curiga ngankapikiraan
Aya nanaon di diri anjeun..

Ning kabuktiaan
Ning kanyataan
Aya godaan ninggang cinta urang...


Hate anjeun nyimpen cinta lian
Nu ngaruntagkeun cinta urang duaan
Cinta anjeun aduh kabagi bagi
Sakumaha sesa cinta nu abdi..

Raweuy na kameulang
Jeung deuina hariwang
Kalengitan cinta anjeun

nu geulis lulumpatan mawa kamelang
ngudag rasa nu estu marandang
lir saperti jiga ibun herang boborelakan sorangan

nu geulIs ulah ringrang
ieu akang keur nyuprih pangarti
salawasna lir ibarat angin lebak nebak kana raray


ieu sajak, akang nungtun kana diri
ngaji rasa pikeun sajati
nu kaya saperti koceakna guludug di langit nu hieum

Antosan geulis sakeudap deui aa mulih
mentrang carita tresna nu kungsi dijait di sisi laut pemengpek


sok najan guriang sagede gunung,akang moal tambelar
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6