Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

13 Kalimat Sisindiran Banyol Sunda Lucu

1 min read

Assalamuallaikum wr.wb. sampurasun..
Hayu urang ngamumule sisindiran banyol sunda kiwari.

1. kueh talam rasana ajip
Meuni bareukah katingalina
Jawab salam eta wajib
Pasti barokah kangge sadayana

2. ngala kalapa jeung mang hapid
Tibeurang nepika burit
Gara gara aya si kopid
Ceuceu jdi teu bisa ngala duit

3. saur ema kudu eling
Sing inget kana pepeling
Kudu gewat ngeulap pingping
Bisi jadi ngabeuling garing

4. moe pare terus di giling
Nungguan rapih bari cicing
Lamun sare bari nungging
Teukarasa baseuh pingping

5. namina goreng odading
Karesepna indung kuring
Kajeun karasana asa jeding
Nu penting jibreug guguling

6. kieu-kieu ge ginding
Pantes keneh mun disanding
Anu nojos dina jero samping
Mantak sok jadi merinding

7. goreng emping ti lamping
Ngan sesa sahiji dina piring
Geura rehe ieu peuting
Tos hoyong muka samping

8. kacimamut ngala bonteng
Kaciri aya nu morongkol
Mun sungut bau spiteng
Jiga na tas murak jengkol

9. ngumbah cikur ka sumur
Eleuh balikna tigejebur
Jeung dulur kudu tambah akur
Jeung batur sing janten dulur

10. pelesiran ka Bandung 
Diteraskeun ka ci anjur
Sisindiran henteu nyambung
Nu penting mah bisa ngahibur

11. mang usen mawa cagehgar
Mang kemen mawa tikukur
Nu nyieun status sing beunghar
Nu komen sing panjang umur

12. pelesiran ka kota Bandung
Meser cabe jeung picung
Anu kasindiran sok pundung
Eta lambe na sok nyungcung

13. buah manggu jeung cilok
Goreng combro jeung wajit
Malem minggu loba nu olohok
Loba jomblo teuboga duit.

Cag heula ...permios.

- Farida -
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6