Si Astahiam rada balaga lantaran ayeuna bogaeun HP, lain Hayam Pelung anu sok kongkorongok "putri diuk" wanci janari leutik atawa Hileud Peuteuy anu sok gegerepekan di jero pesak, tapi alat komukasi nu katelahna hand phone tea.
Saprak boga alat eta kabogoh Astahiam sok ngarasa iri, lantaran leuwih satia ka si hape tibatan kamanehna, coba we ari si hape mah sok dibawa kamana mendi, nek jalan jalan ngilu, nek apel diajak, ka toilet ngilu, ari kabogohna can pernah diajak sakali kali acan bareng ka toilet.