Baréto taun 50 atawa taun 60-an di wewengkon Ciamis kalér kahirupan umumna nyoko dina tatanén. Jadi salian ti imah terus aya balong, aya kebon, kitu deui kebon kalapa, jeung sawah.
Jadi meureun mun rék diringkeskeun mah keur dahar paré atawa beasna ti sawah, deungeun sanguna lauk ti balong sayur mayur tumas-tumis ti kebon, ari duit keur kaperluan itu ieu tina ladang ngajual buah kalapa. Ieu siklus kahirupan teh tiwanci ka wanci ti taun ka taun terus baé muter taya eureuna.