Hit-Hot

Parawan jeung Bujangan Baheula Mah Sok Reseup Arulin ka Gunung Ardilaya

Cerita Bersejarah Gunung Ardilaya - Assalamu'alaikum Warrahmatullahi Wabharakatu... Kumaha daramang sadayana? Utamina kangge urang Ciamis, Yeuh hey yeuuhh aya carita anu rame yeuh dulur salerea, Da Carita ieu muah lain carita biasa hehey. Carita nu bakal di caritakeun ku abi ieu nyaeta
"Carita Zaman Baheula".

Hhmmpp biasa namah budak ngora ciamis muah, raresepeun carita atanapi dongeng anu nyaritakeun zaman baheula nyaa? termasuk abi sih hehey. Taah ayeuna, Kalereusan yeuh abi gaduh carita zaman baheula anu aya kaitana sareung Gunung Ardilaya.

Oh eunya, Narasumber carita ieu ti "Mamah sareung Bapak" nu pernah Ngalaman nuju ngarora aranjeuna kapungkur di Gunung Ardilaya.

Mangga atuh kenalkeun heula Bapak sareung Mamah abi, Hehey Namina Bapak Elan sareung Ibu Eti! Anu tos nya'ah sareung ngurus abi ti leleutik hehey...foto Mamah sareung Bapak Abi

Uih deui ka taun 80an saur bapak teh...

Baheula bapak keur ngora jeung mamah mah sok arulin nateh ka Gunung Ardilaya ari poe minggu teh ngaraleut batur ge marawa kabogohna lain bapak wae.

Ngan Mamah mah sok kadang-kadang teu daekeun. Sieuneun "ek naon ulin ka gunung jaba aya makaman. Cenah" da pedah mamah mah lain urang salelewek gunung ardilaya mamah mah urang pining jadi teu apaleun kumaha ramena di gunung ardilaya.

Model urang cisadap, ciloto, banagara mah apaleun. Ari kudu dicaritakeun mah emang nya he'eh sieun Gunung Ardilaya teh, Loba Makam Karamatna. Tapi da reseup ku loba batur tea jadi teu sieun.

Pokok namah beda we jeung ayeuna!!!! Ayeuna mah geus eweuh nu nincak ka gunung ardilaya komo nu nareangan suluh geus jarang. Baheula makam-makam di gunung ardilaya teh sok bararesih da pada ngabarareusihan ku saha bae anu kadinya teh daraek mereusihan mesing henteu aya nu nitah ge.

Hhhmmmpp ayeuna mah deeeee kararitu, Jung tempo geura ayeuna ka gunung ardilaya, Makam teh barala pantes ek sieun ge.

Taaah eta caritana. Punteun caritana ngan sa'alit da basa eta teh si bapak na kaburu tunduheun janteun teu kabujeung nyaritakeun nu sanesna. Da bade di piwarang nyaritakeun deui si bapak muah sok pararoho cenah ari di haja-haja mah. Hhmmpp meuni pipanasaraneun nyaa? Hehey... Padahal abi percaya ari bapak sareung mamah mun nuju nyarita teh sok Seru jeung panjang. Pokok namah rame alahbatan kos na Film we.

Nyaa atuh ke insya Allah abi bade ng-Post keun deui carita-carita ti mamah sareung bapak anu sanesna. Janteun siap-siap we tong hilap Subscribe via e-mail amih ke caritana ku abi di wartosan kana E-mail anjeun.

Hatur nuhun and Wassalamu'alaikum sadayana...
Artikel Terbaik Serupa: