Takbiran Sorana Ngayayay - Carita Sunda Zaman Baheula

takbiran zaman baheula
Harita teh taun 1978. Kuring karek sakola di SMP kelas hiji. Bapa kuring karek meuli radio kaset. Eta radio kaset ku kuring sok dioprek. Di antarana dipake ngarekam kuring jeung adi hahaleuangan, sarta sora-sora lian kayaning sora beker ngirining, cai dicurulungkeun, hayam kongkorongok, ucing eong-eongan, jeung rea-rea deui. Kuring resep pisan ngadengekeun hasil rekaman meunang sorangan teh.

Dina malem takbiran taun eta, kuring oge pirajeunan ngarekam takbiran. Samemeh Isya, kuring indit ka masjid bari ngajingjing radio kaset. Batu batere anyar jeung kaset kosong geus disadiakeun ti anggalna.

Imam takbiran teh piligenti. Kuring ngusahakeun sangkan sora sakabeh imam takbiran asup kana rekaman. Kira-kira jam sawelas peuting, rekaman beres. Kabeh imam geus karekam. Kasetna oge kabeneran geus pinuh.

Tengah peuting, bareng jeung datangna sangu tumpeng, Ustadz Anwar, salah saurang imam takbiran, nyampeurkeun. Kawasna Ustadz teh apal yen kuring geus ngarekam takbiran.

"Cik hasil rekamanana stel! Urang kana spekerkeun! Salila para jama'ah dalahar mah takbiranana tina kaset bae." ceuk Ustadz Anwar.

"Mangga!" walon kuring bari nunda radio kaset di hareup. Kaset distel. Mik dideukeutkeun kana radio.
Radio baheula
Sanajan jama'ah areureun takbiran, ti luar mah kadengena kawas takbiran enyaan bae. Atuda ieu mah hasil rekaman tina sumber aslina. Kusabab kitu jama'ah bisa jongjon dalahar heula.

Rengse dalahar, takbiran dituluykeun. Tapi saterusna takbiran teh diimaman ku kaset. Kawasna para imam geus carape. Malah aya nu balik sagala, kaasup Ustadz Anwar. Ari kuring teu bisa balik, sabab jadi boga pagawean mulak-malik kaset. Jama'ah nungtutan baralik. Sawareh kasarean. Tapi takbiran angger ngageder tina kaset. Kuring oge rada lelenggutan.

Wanci janari gede Ustadz Ajun datang bari hohoak, "Harudang! Harudang!"

Para jama'ah nu sarare pating korejat. Ustadz Ajun rarat-reret.

"Paingan atuh takbiran teh aneh kadengena. Sorana ngayayay. Da geuning make kaset."

"Sumuhun, Pa. Hasil rekaman tadi. Rupina batu baterena tos soak. Antos sakedap. Abdi bade ngabantun heula kabel listrik." kuring ngajentrekeun bari mareuman radio kaset.
ketawa ngakak gif

"Teu kudu! Takbiranana urang tuluykeun! Ulah ku kaset! Matak jadi dosa eta teh. Keun, diimaman ku kuring." ceuk Ustadz Ajun bari nyokot mik.
Artikel Terbaik Serupa: