Kumpulan Mantra Sunda Jangjawokan

Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh,

Alhamdulillah puji sukur ke Ilahi Robbi. Di malam ini masih bisa bernapas apus.. Mantra Jangjawokan ini saya dapatkan dari orang tua saya.

Apa itu Jangjawokan?

Jangjawokan adalah mantra yang diucapkan ketika akan memulai suatu hal pekerjaan untuk meminta keselamatan serta Mendapatkan hasil yang di harapkan, dan lainnya.

Kenapa disebut Jangjawokan?

Wahyu Wibisana dalam SASTRA LAGU : Mencari Hubungan Larik dan Lirik menjelaskan :

Dua buah bentuk puisi sunda yang dapat dikatakan bersifat arkais ialah ajimantra dan bentuk puisi pada cerita pantun. Istilah ajimantra diambil dari naskah kuno Siksa Kandang Karesyan. Sedangkan puisi pada pantuan ada tahun 1518, sama artinya dengan istilah mantra sekarang. Sedangkan puisi pada cerita pantun ada dua yakni rajah dan nataan”.

Jangjawokan suatu arti kata lain dari ajimantra. Istilah ajimantra digunakan dalam Naskah Siksa Kanda Ng Karesyan, ditulis pada tahun 1518 M. Tapi istilah Jangjawokan tidak diketahui sejak kapan. Namun Urang Sunda Tradisional lebih banyak menggunakan istilah Jangjawokan atau ajian ketimbang ajimantra. Mungkin kedua sebutan yang memiliki kesaman makna ini menandakan adanya adaptasi pemahaman, menganggap Jangjawokan (Sunda Buhun) eufimisme dari ajimantra (Sanksekerta).

Ajip Rosidi dalam buku Jangjawokan lebih menekankan pada istilah ini ketimbang mengguna kan kalimat ajimantra, dengan alasan : Istilah ajimantra berasal dari India dan dalam bahasa Sunda tidak pernah digunakan. Dilihat dari segi isinya, Jangjawokan itu berupa permintaan atau perintah agar keinginan sipengguna jangjawokan dilaksanakan oleh nu gaib “makhluk gaib”.

Kumpulan Mantra Jangjawokan Sunda

1. TATAPAN MATA :

Deuleu-Deuleu si mandeuleu.
Ku aing di deuleu sia neuleu.
Aing tungkul sia banyu.
Aing tanggah sia nyembah.
Aing seuri sia seuri.
Mangka welas.mangka asih.
Sing asih....kabadan awaking.

2. RAJA ASEM :

Raja aing raja asem.
Emut aing ratu galuh.
Senoi aing pajajaran.
Sem mesem kalawan uyah asem.
Mangka welas mangka asih..
Asih.... ka badan awaking..

Sunda Jangjawokan

3. Mantra SISIR RAMBUT :

Sisir aing sisir sikat.
Sisir sikat si pamikat.
Pamikat ti balik angeun.
Ras teg ka awaking.
Awaking ratu asihan.
Mangka welas.mangka asih.
Asih...ka badan awaking.

4. BUAT PAKAI BAJU :

Pucuk luguh batang laguh
Sawala batang karasa.
Duduk unggah pke baju.
Boleh lihat arang sagala.
Mangka welas.mangka asih.
Asih sajangat buana kabeh....

5. Seureuh Seuri

Pinang nanggeng
Apuna galugaet angen
Gambirna pamuket angen
Bakona galuge sari
Coh nyay, parupat nyay, loeko lenyay
Cucunduking aing taruk harendong
Cucunduking aing taruk paku hurang
Keuna asihan awaking
Asihan si leuget teureup

6. Menyimpan Beras

Mangga Nyi Pohaci
Nyimas Alame Nyimas Mulang
Geura ngalih ka gedong manik ratna inten
Abdi ngiringan
Ashadu sahadat panata, panetep gama
Iku kang jumeneng lohelapi
Kang ana teleking ati
Kang ana lojering Allah
Kang ana madep maring Allah
Iku wuju salamaet ing dunya
Salamet ing akherat
Asahadu anla ila haileloh
Wa ashadu anna Muhammaddarrasolullah
Abdi seja babakti kanu sakti, agung tapa
Nyanggakeun sangu putih sapulukan
Kukus kuning purba herang
Tuduh kang seseda tuhu
Datang ka sang seda herang
Tepi ka kang seda sakti
Nu sakti neda kasakten
Neda deugdeugan tanjeuran

7. Mencuci Beras

Mangga Nyimas Alene Nyimas Maulene
Geura siram dibanyu mu’min
Di Talaga Kalkaosar
Abdi ngiringan
Nyi Pohaci Budugul Wulung
Ulang jail babawaan kaula
Heug

Nyi Pohaci Barengan Jati
Ulah jail kaniaya
Ka Nyi Pohaci Sukma Jati
heug

Peringatan! Mantra Jangjawokan selanjutnya dibawah ini mungkin bagi sebagian orang dianggap menakutkan. Jadi butuh bimbingan khusus dari sesepuh saat membaca mantranya.

8. Asihan mandi

Bismillah, syahadat ka kanjeng Rasul
Cur nyuhcur, cahayaning Rosul
Gumilang cahayaning Muhammad
Herang caina ti kodrat
Allahu, yaa Alllahu (3 kali)
Cuuur, Cuuur, Cuuur
Dibaca unggal rek mandi ku cai kembang sataman
(Mun bisa bawa jeung tamanna .......hehehe)

9. Asihan sabeulit bumi


Asihan sabeulit bumi
Asehan salinlang buana
Brag asih da di asih
Nu asih lungguh na biwir
Nu haat lungguh na soca
Roh tuk-truk tuh badan si anu (....)
Mang kawelas, mang ka asih
Raat asih ka badan awaking.

10. Asihan SI LEUGEUT TEUREUP

Asihan aing Si Leugeut Teureup
Ti teuteul ti amburateul
Rapet napel kanu udeul
Mangka eunteup mangka asih
Si (.......sebutkeun ngaranna)Asih ka awak aing


11. Asihan SEMAR MESEM

angkang ingking nanggung rinjing jol si togog lar si semar
aha ehe ngajar seuri,nya aing ratu ratu asihan
mangka welas mangka asih (.......sebutkeun ngaranna)) ka awaking
(dibaca 313 x)
Carana ;
-Adus heula
-puasa 3 poe ditutup ku matigeni
-dibaca jam 23:00

12. KASEMARAN

Asihan aing siku mat mesem arana kinasihan,
si teuel si kura teuel peul gera napel si(.......sebutkeun ngaranna)
Ka awaking yeup tuturkeun aing ka mana bae.
Puasa sapoe sapeuting ,mantra di baca keur puasa melek

13. ASIHAN (KHUSUS BACAEUN ISTRI)

Samping aing kebat lereng,ditilik ti gigir lenggik,diteuteup ti hareup sieup
mikaenteup mikasieup,mangka eunteup mangka sieup ka awaking ratu asihan
ti luhur kuwung kuwungan,ti handap teja mentrangan ditilik ti tukang lenggik
ditilik ti gigir sieup,mangka eunteup mangka sieup
asih...asih...asih...
asih ka badan awaking


14. QULHU ABSAR (ASMA AL LATIF )

Bismillah , Kum awewe
Wataji kulhu absar , Wahuwa Latiful Khabir
Sabulan sang ratu nu colalang , Sabulan mangrupi , Dua putri mananjo
Tujuh bulan kolot , Salapan bulan sang goledah , Gereleng putih
Jig ka cai ngadon ceurik , Jig ka darat ngadon midangdam , Jig ka imah asa jobong koong
Kop cai asa tuak bari , Kop dahar asa tatal bobo , Kaula nyaho ngaran sia…si.............

15. Asihan NENGGALA I

Bali meneng tunggal meneng Alat-alat parah meneng ,
Ah meneng sajagat kabéh
Inga sia di mana meuting Di puncak di angkasa
Sia diliputan ku halimun Dilanat ku mega bodas
Bayu sia pédah kabatu Bayah sia pédah ku catang
Seuweu komo ringkep Seuweu ménak komo hayang
Nu asih pahiri-hiri Nu hayang paheula-heula
Rét nu haying Rét nu asih
Nya aing ratu asihan
Ya Alloh Ya Rosul
Ya Muhammad Ya Adam

16. Asihan PANAH RASA

Asihan aing si panah rasa Rasa dipanah ku cipta isun
Juh teleng alip nu ngadeg di tungtung
Kulincer nu ngulincer haténa si…….(sebutkeun ngaranna )
Kaedanan ku harta La illaha illaloh Muhammaddarosululloh
dibaca jam 11 peuting 41 x.


17. RUNCANG I

Bismillahirahmanirrahim
Amatkeun sejaron guyang
Teteger aya di pasar
Gagamanna suda lanang saking suwarga
Lamun sabetkeun ka gunung Gugut
Ka lautan saat, ka bumi bengkah
Lamun disabetkeun ka langit tujuh amblas
Lamun disabetkeun ka si .......(sebutkeun ngarana )
Tunduk runtut raut babarengan sareng kakasihku
Lamun keur ulin balik
Lamun keur saré sina hudang
Lamun geus hudang titah diuk
Lamun geus diuk lengkahkeun ka imah
Ngadeukeutkeun kakasihna
Lailahailallah Muhammadarosulullah


18. RUNCANG II

nini sangguriang aki sangguriang,deuleu teuteu runcang,
deuleu di deuleu teu matak weudeu, di soreang hayang keneh,
di deuleu ti gigir lenggik di deuleu ti tukang lenjang di deuleu ti hareup sieup,
mangka sieup kana peunteu mangka narimang kana raga mangka welas mangka asih ka awaking ratu asihan
Carana :
dipuasan 3 senen jeung 3 kemis,di baca 33X/101X sa enggeus shalat fhardu


19. Kinasihan (Kanggo isteri & pameget)


Ratu manan ratu gayaga
Ngaran menak kamana ka holan
Jalma ngancik sia Kuwu panutan aing
Aing panutan sia Sia geura manut ka aing


20. Asihan

mat mat kalemat,
pangemat ka nu ngaran si ……….
eundeur sadayeuh, géhgér sabalé,
komo ratu komo rusuh,
déwata nu matak hayem, mangka welas mangka asih,
asih ka badan awaking.

21. Jangjawokan P E L E T

Kaayana di kamada
Ngalih ka pancana
Matak linglung ti peuting
Gundam ti beurang
Ras inget ka jalmi si aa


Mantra yang lainnya cukup di sambung di lain waktu saja... udah ngantuk.

Biar ada penyatuan ke badan kita... alangkah baiknya puasa Senin Kemis.
Artikel Terbaik Serupa:

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6