Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Naon Bedana Awewe Jeung Lalaki?

2 min read
GeegleHayoO
- Lalaki: naon nu keur dipikirkeun?
- Awewe: naon nu keur dirasakeun?

- Sageulis-geulisna awewe, moal bisa kahampangan nyieun angka 8
- Sajago-jagona lalaki, moal bisa kahampangan bari lepas tangan.

- Mun balanja, awewe bisa sababaraha jam jeung ditawar bebeakan, bari can tangtu barangna dibeuli.
- Mun balanja, lalaki butuh sababaraha menit, kajeun teuing tereh, hargana ternyata leuwih mahal.

- Balik subuh: lalaki ngabeakkeun duit.
- Balik subuh: awewe ngahasilkeun duit.

- Geus kawin: awewe hayang lalaki robah
- Geus kawin: lalaki hayang dirina angger.

- Mun rek kawin, awewe mikirkeun masa depan lalaki.
- Mun rek kawin, lalaki mikirkeun masa lalu awewe.

- Mun tengah peuting orok ceurik, ceuli awewe leuwih sensitif dibanding lalaki.
- Mun tengah peuting aya sora nyurigakeun di imah, lalaki taki-taki mawa paneunggeul.

- Awewe sok gancang manggihan hiji barang, bari teu rea omong.
- Lalaki sok kutatang-koteteng mun keur neangan hiji barang, bari noroweco.

- Disebut "geulis", awewe bisa nginget ucapan eta ngan 5 menit. Disebut "goreng" awewe bisa moal poho ucapan eta saumur hirup!

GeegleHayoO
- Disebut "goreng patut" ... lalaki paling ngabelenyeh.

- Lalaki leungit kaperjakaan, jiga bal bekleus murag... Masih bisa keneh aclog-aclogan.


- Awewe leungit kaparawanan, jiga endog murag.

- Awewe dulang tinande.
- Lalaki ditandean dulang.

- Awewe jiga lalaki: tomboy.
- Lalaki jiga awewe: bencong.

- Salaki sieun ku pamajikan: susis.. suami sieun istri.
- Pamajikan sieun ku salaki: pantes.

- Lalaki: "Kumaha isuk we lah!"
- Awewe: "Isuk kumaha mun kieu.. mun kitu...mun...?"

- Awewe boga: ibu kota, ibu pertiwi, ibu jari, hari ibu, bahasa ibu, jsb.
- Lalaki: ?

- Lalaki ngageserkeun lomari: "Cape euy..beurat pisan!" ngarahuh bari langsung leuleus..terus ngopi jeung ngudud heula.
- Awewe: nyangu, ngumbah wadah, ngurus budak, nyeuseuhan, sasapu, ngepel... teu ngarahuh bari gawena simultan 24 jam.


- Awewe di imah katelah tukang masak.
- Lalaki di restoran/hotel katelah jadi tukang masak alias koki.


Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6