Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

13 Pantun Sisindiran Banyol Sunda ~ Farida


Sisindiran sunda banyol rebo nyunda
Sampurasun...? urang sunda araya ieu teh? patepung lawung paamprok jonghok deui sareung ceuceu  mugia baraya sadayana aya dina ginanjar kawilujengan Aamiin.

Hayu ah urang di ajar Pantun Sisindiran Banyol Sunda:

1.Lumayan dipasih tongkol
Dipasak ti subuh subuh
Ai doyan kana jengkol
Da enak kumaha atuh

2.poe kamari kalapa di tuaran
Saur na bade aya nu mauran
Manawi aya duda araban?
Ieu ceuceu bade kenalan

3.kiwari zaman beuki cangih
Sagala rupa tinggal pesen
Nyai hayang geura panggih
Ieu aya rasa kasengsem

4.si eta tukang nganjuk
Padahal mah bandar dukuh
Lain alim neng dirujuk
Bongan na Aa kalah salingkuh

5.aya sawah di sewa sewa
Dipolah na ku mang dodo
Ka sayah ulah jadi ngewa
Lamun heg teuya jodo

6.kapasar meuli torompet
Itung-itung jajan awet
Lain pedah beungeut jiga tongeret
Eta mah kurang eusi dompet😁

7.moe pala dina tampah
Katingalina meuni bareukah
Sing saha anu ibadah
Tangtos na kenging barokah

8.Buah ramanten meuni loba
Aya na di majalaya
Nempo panganten jadi kabita
Jadi inget nuju ngora

9.ka leubak ka ua haji
Niat na mawa ragaji
Mun boga budak pinter ngaji
InsyaAllah aya ajen diri

10.keur ngalamun sisi roda
Bari nginum temulawak
Lamun enya urang sunda
Hayu urang ngalawak

11.saha anu gaduh mang'le
Geura meuli ulah di engke-engke
Bahasa sunda anu sae
Sakeudahna di mumule.

12.Disukajadi aya naon?
Ceunah mah nu dagang pecut awi
Naha teu jadi pedah naon
Ceunah mah kapincut deui

13.kasawah loba reungit
Aya Kalakay dina papan
Kasayah sok aya nu mere duit
Pedah sok mapay - mapay jalan.
Eyy amit-amit😂...

Sakitu panginteun peupeudar ti ceuceu, Aya landak dina pare 
Teukeunging dicandak kana hate
Pais peda ti spanyol
Namina sunda banyol.


Cag permios..
By:farida
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6