Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Bobodoran Sunda: Jelema Pang Bodona Sadunia

1 min read

  Dadan jeung Deden Tatarucingan  

  • Deden: "Dan! Ari jelema pang bodona di dunya ieu jelema naon?"
  • Dadan: "Anu gelo!"
  • Deden: "Lain!"
  • Dadan: "Diajak ulin, diajak dahar!, dibere duit, diajak ngew... teu daek!"
  • Deden: "Lain!"
  • Dadan: "Naon atuh! taluk aing mah!"
  • Deden: "Jelema nu pang bodona di dunya ieu aya tilu: anu kahijina tukang delman, anu kadua tukang ngangon munding, anu katiluna anu ngapdreuk pas photo."
  • Dadan: "Naha kumaha kitu?"
  • Deden: "Pek tempo ku maneh eta tukang delman, ari awewe geulis jeung sarareungit di tukangan!, ari bool kuda sakitu sareukseuk jeung bau teh disanghareupan, lamun tukang ngangon munding, ari dahar jeung lauk asin, ari daging anu sakitu gedena ditumpakan bae, lamun anu ngapdreuk pas photo, pek bandungan ku maneh: 'Mang! bade ngapdreuk pas photo! (ceuk anu ngapdreuk), sabaraha? (Ceuk tukang pas photo), 6 x 4 lima! (Ceuk anu ngapdreuk), mangga antosan (Ceuk tukang pas photo)', pan kitu pokna teh!, sakanyaho aing mah 6 x 4 teh pan 24!"
  • Dadan: "Sugan aing mah anu paling bodona sadunya teh anu diomongkeun ku maneh wungkul, gening maneh oge sarua bodona, maksudna pas photo 6 x 4 lima teh hartina lima lambar. Bisa bae ka batur ngomong bodo!, ari sorangan leuwih oon, oneng , jeung tolol."
  • Dadan: "Giliran aing lah mere tarucing ka maneh! Den! Cik ari pang panasna di dunya ieu naon?"
  • Deden: "Panon poe!"
  • Dadan: "Terus!"
  • Deden: "Nya enggeus!"
  • Dadan: "Salah!"
  • Deden: "Terus naon?"
  • Dadan: "Pang panasna di dunya ieu nyaeta: 'Moe maneh diluhur seng tengah poe ereng-erengan bari ngadurukan jeung nginum kopi panas. terus kabogoh direbut batur'"
  • Deden: "Sakalian siana diduruk ku aing!"
  • Dadan: "!!!????????"

Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

  • Jaman Now ini beberapa jenis hantu makin eksis di blantika perfilman indonesia seperti Kuntilanak, Kelong wengwe, Hantu jeruk purut, Suster ngesot, pocong, Jelangkung dan sejenisny…
  • Urang pilari hanca kamari, urang teang carita ka tukang... Fajar tisaprak Salis kawin jadi remen mulang ka sumedang..Hate nu hese paler nyantel wae ka bebene di beberah mulang …
  • Carita ieu mimiti dibagikeun ku "SundaNgaco" pedah aya basa sareung kalimat nu seusah di artikeun sareung kirang panteus saalit di zaman ayeuna, Janteun di sampurnakeun deui ku Cha…
  • Harita teh taun 1978. Kuring karek sakola di SMP kelas hiji. Bapa kuring karek meuli radio kaset. Eta radio kaset ku kuring sok dioprek. Di antarana dipake ngarekam kuring jeung ad…
  • Hate Maman kacida pisan atohna, basa Nunuy ngajakan nganteur manehna ka imah dosenna di Cimbuleuit, sok sanajan kitu teu wudu Maman siga nu pura-pura embung basa diajak teh, …
  • Ngagebeug sorangan maca deui judul anu kakara dikotrèt dina ieu note. Asa beurat nyuhun beurat nanggung, beurat nuluykeunana. Saacana, kapikir jejer carita anu rèk dishare ka baray…

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6