Binahong mangrupa tutuwuhan anu ngarambat. Binahong ieu kaasup tutuwuhan anu kagolong kana genus anredera jeung kaasup kana family Basellaceae. Binahong ieu ngabogaan ciri-ciri Watangna beyé, silindris, silih meulit, warnana beureum.
Daun binahong mangrupa daun tunggal, Warnana héjo, Wangunna siga jajantung panjangna 5 nepi ka 10 cm, Rubakna 3 nepi ka 7 cm,Bentuk lambaran daun na ipis, leuleus, leueur, tungtungna seukeut, sarta sisina rata. Akarna mangrupa akar rimpang, dagingna beyé.
Mangfaat Binahong
Binahong ngabogaan mangpaat diantawisna:
- Ngagancangan cageur sabada operasi
- Ngajuru
- Sundatan, jeung sagala rupa tatu anu dijero, sarta radangusus, Ngalancarkan perédaran jeung tekanan darah
- Ngubaran maag, asam urat, awak jeung ambeien.
- Binahong oge ngalancarkeun kahampangan, ngising, jeung ubar diabetes.
Danget ieu daun Binahong seeur diolah janten sababaraha rupa obat atawa dijadikeun kosmetik. Tina mangpaat Binahong diluhur urang bersyukur ka Allah SWT anu atos nyiptakeun tutuwuhan binahong anu seeur manpaatna ieu mangrupa salah sahiji bentuk kanyaah Allah SWT ka umatna.