Sa Teu Acan Maca, Mangga Puteur Heula Video Luhur Amih Keuna kana manah 😊
Hujan
nu nyakclakan peuting ieu
maseuhan panto Hate. Najan ngeclak
mere tapak
jeung isyarat
"Hujan semet ayeuna!
caah tong jadi rongkah!
gera sinembah!
beungkeut amarah! Sangkan hujan teu ngeclakan
jero manah"
Pabeulit jeung pakait
peuting-peuting nu kungsi meuting
dina hariring nu teu weleh nyaring
euleuh
gening
ngan ukur kuring nu pating kuriling
teu eunya na aya nu paséa dijero dada. Har! Apan urang teh kungsi patepung
majar teh euweuh panglipur
réwuan memori minuhan otak nu keur ngagolak
atuh, saban poé saban simpé
da rasa mah teu eureun cumarita
ari anjeun?
Apal teu aya nu gulang-guling saban peuting
humandeuar
tapi aur-auran
tong ngabibita ku impian nu anggang dina panineungan
da isuk mah pating kulisik
moal malik
teu katilik.
Ciamis, Minggu 11 September 2022 PKL 22:20