Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Basa Sunda di Usik Urang Sunda Ngulisik ~ Sisindiran Sunda By Farida

0 min read
chaklyraflesia
Sampurasun baraya sunda hayu urang sisindiran Edisi: "Basa sunda diusik urang sunda ngulisik"

Disclaimer: Postingan ini hanya untuk Hiburan yang Berkualitas, Tidak ada maksud menjelekan salah satu pihak manapun.

Ka tasik rek meuli dipan
Dibaju kampret na mobil sedan
Di usik kunu ngaran dahlan
Kudu rada kepret meh teu tuman!

Buah sawo rarangeuy'an
Sisi bilik jeung suhunan
Asa sono nga heureuy'an
Bari calik nunguan c dahlan!

Ka majalaya karancamaya
Poe rebo jeung kemis alus'
Nu maraca meuni garaya
Komo deui anu nyieun status

Tangkal kole tangkal nangka
Sok reusep mulung pulasan
Naha geuning bade kamana
Kade ulah sok luluasan

Buah katapang raos pisan
Komo deui buah rambutan
Saha nu bade teupang di antosan
Asal ulah nu geus' rimbitan

Aya beuruk asup ka bumi 
Jigana hayang nu amisamis
Barukatuh ti sukabumi
Pami farida mah' ti ciamis

Loba lauk nu ker'mijah
Omat ulah di gegebah
Lamun hirup loba balahbah
InsyaAllah menang berkah

Aya jalantah dina wadah
Lalab rumbah meuni  satampah
Geura ibadah dina sajadah
Meh hirup aya berkah

Tikukur teh geuning kabur
Mangkaning alus jeung hebat
Hirup kudu akur jeung batur
Jaganing di akherat

Kacipali jalan na leres
Tumpak mobil anu mng fahmi
Kaci kaci wae pami di bales
Hayu urang manjangkeun silaturhmi

Mobil alus aya supiran
Anu boga na dunungan
Langkung alus urang sisindiran
Tapi ulah sok pundungan

Ngala jambe loba ngeluh
Sakapeung mah ngarasula
Cape gawe anu ripuh
Engke ka ala hasilna

"Hadegorengkuomong
hadebasapolahparipolah
Jeung batur kudu akur
Jeung dulur kudu syukur"

Penulis: Farida
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6