Urang pilari hanca kamari, urang teang carita ka tukang... Fajar tisaprak Salis kawin jadi remen mulang ka sumedang..
Hate nu hese paler nyantel wae ka bebene di beberah mulang ka desa.niiskeun pikir mulihkeun deui semanget..Fajar nata hate mapag poe nu rek datang.
Beak tikarep satekah polah Fajar miceun bayangan Salis, kalah beuki napel pameunteu nu dipideudeuh na hate..kokolebatan siga nu gugupay matak edan kabiruyungan.
Hate nu hese paler nyantel wae ka bebene di beberah mulang ka desa.niiskeun pikir mulihkeun deui semanget..Fajar nata hate mapag poe nu rek datang.
Beak tikarep satekah polah Fajar miceun bayangan Salis, kalah beuki napel pameunteu nu dipideudeuh na hate..kokolebatan siga nu gugupay matak edan kabiruyungan.
Saincak incakna ngan beungeut Salis nu kabayang...
"Ya Allah tulungan ieu abi..hilapkeun diri abi ka anjeuna..anjeuna tos lain lain na..Ya Allah...geura piceun bayangan anjeuna tina soca abi"
Du'a Fajar ampir remen di gerenteskeun bakat hayang giru move on mun ceuk nu ngetik tea mah..
Suruput kopi panas,belewek tahu gejrot..hmmm lada ning ceuk nu ngetik bari huh hah..
Tiap mulang,Suminar teu weleh datang nganjang..Suminar miharep lalakon baheula kasambung deui,sugan pareng ngajatukrami cenah..
Bu Nawang jeung pa mamat geus repok mun Fajar mileuleuheungkeun Suminar..Suminar wanoja hade basa hade atikan najan hirupna sederhana.
Sabenerna aya rasa era maranan lalaki..
Suminar ngarasa teu pantes nyampeur nyampeurkeun lalaki,tapi indung bapa Fajar menta manehna ngabeberah hate nu raheut na Fajar..
Tiap sore Fajar di ajak Suminar jalan jalan nyusur tanah lemur bari galecok ngobrol sagala dicaritakeun bari sakapeung sempal guyon seuseurian..
Saheulaanan Fajar bisa poho kana kasedih,ayana Suminar samentara waktu bisa ngecagkeun kapeurih.
Suminar bungah ningali Fajar seuri..seuri nu lepas tina beban hate..
Suminar yakin Fajar lambat laun bisa narima dirina jadi ubar hatena nu gudawang..
Mangsa peuting datang,Fajar ngalong na jandela,neuteup langit nu dipapaes bentang baranang jeung bulan sapasi..angin peting ngahiliwir nebak dangdaunan..patingkorosak ngagebah manuk nu tuluy hiber mapak mega tuluy euntreup na pucuk daun kacaangan bulan..estu endah kersaning ciciptaan nu kawasa.
Tapi teu beda nu karasa ku Fajar mah..peuting nu endah mungguh simpe..sepi..ingetan jauh nyukcruk hiji imah nu di huni wanoja geulis,Salis Kamila...
Mangsa duaan jeung Salis ,eta mangsa nu endah pikeun Fajar..taya Salis,leungit ka'endahan ge..
Watir...deudeuh teuing ka Fajar nu satengah putus asa...
Balik deui ka imah hj Dahlan...
Salis nu teu walakaya di sangkeh hajah Dedeh rek di bawa ka patengahan..tapi Sarah nu jiga kasetanan gancang ngajewang baju Salis.
"Ampuuun"
Ceuk Salis matak watir nu ningali,
"Mamah..."
Agus gancang newak awak Sarah,ditangkep tipepereket sangkan teu bisa hojah,tapi sarah gancang gegebig deui
"Hayu balik !!!!"
Agus beak kasabaran nyentak Sarah..
Sarah malikan ka Agus..teu ngenah disentak hareupeun maru,amarah beuki ngagulidag,beungeut beureum lir beusi atah meuleum..bari nulak cangkeng Sarah beak tikarep laklak dasar bari curuk nunjuk rorek Agus.
"Balik kamana euy"
"Emang papah sayang teh gaduh bumi kitu di bandung teh?"
"Papah..papah...tuh a***ng gogobrog sia mah di ci anjur!!!"
Habek,habek beungeut agus diperekpek ku gagang sapu nu nyampak didinya..
Gagang sapu kat potong ari dibabukeun jeung amarah mah.Agus nutupan beungeut ku leungeun,Sarah beuki napsu asa ditantang,
"Setan....sia penghianat g""""og,sia teu tau diri a"""ng..sia teh saha bangsat?"
Sia teh jalma teu boga,sia mun teu ditulungan ku bapa aing sia geus jadi galanangan,sia ku bapa aing di angkat ti jalanan,diperenahkeun di gawekeun.bapa aing nyaah ka sia mana sia dikawinkeun ka aing.."
"Nya mah rumasa,hayu balik"
Agus leuleuy ngajak balik ka sarah,tapi leungeun Agus dikepehkeun bari "bekkk"
Sarah najong dada agus,soloyong Agus nyoloyong,"dukkkk" tarang Agus nengar juru meja,cerrr getih manceur..
Kabeh kasima ku amarah Sarah..
"Kojor siah setan!!! Hirup teu ingeut ka purwadaksi,teu inget ka baheula,mawa naon sia tikampung baheula? Sia kur mawa k""""t teu gableg duit salamar lamar acan..naha ari ayeuna sia geus mapan,geus loba duit,geus sagala gableg sia wani wani nyandung"
Koredas ka tai ngora ngorana Sarah nyasakakeun Agus..Agus teu nembal,ceuk pikirna mal bener ngalawan nu keur ngaberung napsu.
"Nyeri hate aing teh setan!!!! asa hina diri aing ku sia didua..naon kasalahan aing ka sia nepi ka ngahianat?"
Inget hente ka anak tiap sia kilir ?"
Asa teu gableg rasa rumasa hirup sia teh..nyeri peurih hate aing a*****ng....!!!!
Cungungung antukna Sarah ceurik kokosehan saking ambek jeung timburu..
"Nyai...jung uih we ayeuna mah,ke geus tiis urang badamikeun kumaha jalan kaluarna"
Haji dahlan kara ngomong sanggeus ngumpul pangacian,Salis geus di bawa ka kamar indungna.
Sarah eureun ceurikna..ret ka hj Dahlan..panon seukeut mureleng ka hj Dahlan,rada hemar hemir oge hj Dahlan ningali ketak Sarah nu sakitu buringasna..
"Oooooh ieu teh mertua pa Agus"
Sarah nanya semu sinis..hj Dahlan unggek bari melong ka Sarah."ieu awewe wanian eta si agus nepikeun ka teu ngalawan"
Gerentes hj Dahlan..
"Apal teu mang si Agus boga anak pamajikan"
Sarah nanya deui bari nulak cangkeng.
Hj Dahlan arap ap eurep eup nemalan pananya Sarah..
"Mu...muhun nyai te...terang"
"Buggggg"
Sarah ngagebrag meja ku gagang sapu nu potong.
"Naha ku mamang ditampa jadi minantu?"
Dibibita naon ku salaki kuring mamang jeung anak mamang?"
Kuring percaya anak mamang dipaksa kudu daek dicandung..kaciri mamang mah tina rupana ge ,beungeut belewuk kitu mah pidunya.."
"Yeuh mang bisi hayang apal minantu mamang tulang leneng..teu gableg nanaon,kokoro nyoso malarat rosa,kabeh harta boga kuring..mibil,imah,perusahaan jeung bisnis eta kabeh boga kuring warisan ti bapa,jadiiiiiiiii mun si Agus diserahkeun otomatis malik deui ka kamari..ngaligincing kur mawa saraged awak,di taranjangan ku kuring mah..teu pantes dibere sapetot lenyon ge jalma nu teu bisa mulang tarima...
Bisi mamang hayang apal kabeh harta atas nama kuring...jadi mun papisah kuring jeung si Agus minantu mamang kur ngalamot curuk!!!!!"
Ngarti mamang matre??"
Ceuk sarah nengterewelang nyudutkeun agus.
"Is teu bisa kitu nyai..eta mah milik duaan"
Ceuk hj dahlan teu boga ka'era pisan..
Seaakkk teh Sarah nembalan omongan hj dahlan ku belewerna pas kembang "bukkkkk"
Pas kembang nengel pisan kana tarang hj Dahlan..koceak hajah Dedeh ngoceak bari ngarontok salakina..
"Bapa....."
Hajah Dedeh napsu,kuniang hudang,awak hj Dahlan di lesotkeun.tuluy nyarekan Sarah bari ngusir
"Aeh aeh di antep teh kalah maceuh maneh teh..ngababi buta kawas nu edan rancakalong..abong katelah nu pangnyandungkeun sok edan sungut,heu'euh we kasaksian ku kuring..eeyyyyyyyy amit amit jabang bayi ulah saturut turutna"
Ceuk hajah Dedeh teu ngarumasakeun maneh aya di pihak nu salah,garo singsat bari bibirigidigan..
"Balik siah montong aya didieu..ngerakeun jaba nyilakakeun sarerea,,balik siah j""""""ar"
Hajah dedeh ngusir Sarah kaliwat kehel nempo anak jeung salaki jadi korban..
"Plakk plakk"
Sarah nampiling hajah Dedeh..koceak hajah dedeh ngoceak..rewas jeung peureus..teu nyangka Sarah rek wani nampiling manehna.
"Aeh aeh nini nini edan ngomong janji calangap!!!"
Heyyyyy cing mikir make uteuk...uteuk montong di teundeun na dengkul ngarah anak sia teu ngarebut salaki batur!!!"
Sarah nembal bari molotot
"Alaaaaah paingan sia pangnyandungkeun nyeta we talajak sia arogan alahbatan jalu..yeuuuuh jadi awewe kudu lemah lembut deuleu..tuh kawas anak aing...keur geulis teh lunguh lemah lembut sopan..mana pantes salaki sia ka'edanan ku anak aing ge..bisi sia teu apal mas kawin na ge sa'ons deuleu"
Ari belewer teh korsi ngabelesat muru awak hajah dedeh.
Sarah panas lain dikieuna ngadenge omongan hajah Dedeh..
Ingeut kana koleksi perhiasan Sarah luncat kaluar "boa boa emas aing...."
Gerentesna..bray panto muka..rob teh jalma pinuh na teras jeung buruan imah hj Dahlan..jigana sora brag brig brug jeung pating koceak ngalantarankeun tatangga heran jeung panasaran aya kajadian naon di imah hj Dahlan.
Leguk kopi meakeun di inum..asa cape asa milu gelut ceuk nu ngetik..
Cag heula urang tunda di hanjuang siang,urang teundeun di handeuleum sieum,paranti neang cokoteun..
Kumaha nasib Salis nu keur gede beuteung?
Kumaha peta hj Dahlan?
Tujuh taun gawe garmen
Tiap nyaba mawa bilik
Hatur nuhun ka nu komen
Mugia arageung milik.
Cerita ini adalah Hasil Karya Ibu Maryani Titing