Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

CIAMIS - Urang Ciamis (Official Music Video) | TBc Production

2 min read


PAPACELLO Pada 8 Sep 2021
Assalamu'alaikum Wr.Wb. Sampurasun... Alhamdulillah dina raraga ieu Kuring sarta rengrengan TBC Production parantos ngarengsekeun salah sawios karya original mangrupi Lagu anu gaduh maksad kanggo ngamumule Lemah Cai urang sarerea khusus na Urang CIAMIS... 
Ngahaturkeun nuhun ka sadaya na anu parantos ulubiung dina garapan ieu lagu ti kawit support, tanagi sareng waktos na... 
Garapaan lagu ieu di kawitan tina Notasi anu ku kuring di konsep ti kawit dugi ka rengse ieu lagu, kitu oge sareng Musik na. Lirik di bantos ku Ncep Bilal supados langkung mernah dina panemempatan basa... 
Inti dina lirik ieu lagu panginten mangrupi carita atanapi sejarah (sapalih) oge pangajak kanggo masyarakat Ciamis supados tiasa langkung ngajagi Lemah Cai anu di pikacinta ku urang sarerea... 
Pamugi bahan katampi ieu lagu, hapunten bilih seueur keneh kakirangan, mugia ieu lagu sing janten pepeling pikeun urang sadaya khususna urang Ciamis supados langkung-langkung mikareueus deui ka Tatar Galuh Ciamis. 
  1. Lirik : Papacello & Ncep Bilal
  2. Aransemen : Papacello
  3. Mixing Mastering : Papacello
  4. Video Editing : Papacello
  5. Video Grapher : Sundawa TV
  6. Lokasi : Karang Kamulyan, Perbatasan Pamalayan, Jambansari, Alun-alun, Cirahong (Tadi na rek ngurilingan Ciamis ngarah loba tempat nu ku bawa tapi teu kaburu da ngan sapoe suting na 🤣)
  Lirik Lagu Urang Ciamis  
Ciamis manjing dinamis Mahayunan ayuna kadatuan Pakena gawe rahayu Pakeun heubeul jaya di buana Ciamis Nu katelahna Kota Manis Masarakat na ramah jeung saromeah Alamna endah nu matak betah Matak tentrem kana ieu manah 
Lembur kuring ti barang lahir Nepi ka ayeuna mulai meniti karir Sanajan jauh ngumbara nepi ka Mesir Moal poho ieu Kota anu Manis Ciamis baheula mangrupa Karajaan Galuh ngaran na Ngadeg nepi taun 1595 Pamingpin na Ujang Meni Geus abiseka ngaran na jadi Maharaja Cipta Sanghyang Taun 1915 
Ngaran Galuh diganti CIAMIS Walanda nu mere ngaran Ahirna walanda nyerah teu bisa ngajajah Kusabab masyarakt Galuh na garagah (Gagabah) Ti kulon nepi ka wetan Ti kaler nepi ka kidul Kota ieu loba ragam adat jeung budaya Ti kulon nepi ka wetan Ti kaler nepi ka kidul Loba oge tempat wisata nu endah Kacatur carita parahiangan Hiji lembur anu makmur tur ka mashur Gunung Sawal sumber kahirupana Hayu urang jaga Urang jaga Ulah di rogahala Endah na alam Kumaha urang nu miara Ulah lalawora Sabab urang hirup didinya Hayu urang jaga ku sarerea Sangkan kota ieu leuwih jaya Lain ngan saukur carita 
  Pemain Dan Frame Dalam Video  
  • Nu asup frame : Papacello : https://www.youtube.com/c/PAPACELLO
  • Ncep Bilal : https://www.youtube.com/channel/UC_tI
  • Apil : https://www.youtube.com/c/Sunda18
  • Nova Ryan : https://www.youtube.com/c/NovaRyan
  • Tukang baceo : https://www.youtube.com/c/TukangBace
  • o Nu Ngamera : Sovan Sundawa : https://www.youtube.com/c/SonyVandor
  • a Nu Mere Baju : @Grasstrack My Way
  Papacello Fanspage & Instagram  
  1. Intstagram : Papacello https://www.instagram.com/papacellopr
  2. Fanspage Facebook : Papacello Project https://www.facebook.com/papacellohaf
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6