Wilujeung Sumping di Blog GeegleHayoO

Dongeng Sakadang Kuya Licik Jeung Sakadang Monyet Bodo

2 min read

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek.

Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Omongna:

"Sakadang Monyet, kami manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparon". Hade, "tembal Sakadang Monyet. "Di mana ?" Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan.

Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh.

"Sakadang Monyet, mana bagian kami? Kapan geus jangji paparon" ceuk Sakadang Kuya ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna.

Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.
Dina hiji poe Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. Biwirna dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.

Ditanya ku Sakadang Monyet: "Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik kami menta!"
Tembal Sakadang Kuya: "ah, ulah ngaganggu, kami teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakara kami mah barang dahar ni’mat kieu."

"Cing ngasaan saeutik, kami lapar pisan. "Sakadang Monyet lumah lameh menta ngarah dipikarunya.
"Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka kami, padahal eta teh milik kami?"
"Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka kami ku hayang ngasaan buah loa paparin Dewata!" omongna deui lengas lengis.
"Nya ari maksa-maksa teuing mah top bae, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu! "tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami saparona."

Sakadang Monyet pohara atoheunana, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun.Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar,nepi ka beak. Ari beak, Adug lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.

Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena baheula.
Bersyukurlah Jika Semua Orang Bisa Tertawa Dan Senang Karena Kebodohanmu, Daripada Menjadi Orang Pintar Tetapi Selalu Menyusahkan Semua Orang...

Anda mungkin menyukai postingan ini

Posting Komentar

Bagaimana dengan Artikel ini?
Silahkan Anda Bebas Berpendapat!
((
___; )
(6