
Di toko bahan bangunan
Asep : "Cik punten meser paku sakilo"
Pelayan : "Dibungkus?"
Asep : "Henteu, bade dituang di dieu (ceuk Asep keuheul)"
Pelayan : "&^%*#$"
3. Bobodoran Sunda : Mabok Ditengah Jalan
Hiji pemuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu, motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak hiji pemuda nu keur mabok di tengah jalan.
"Dasar oblo! Mun mabok ulah di jalan atuh....!" ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.
"Maneh nu tolol mah," bales nu mabok. "Sakitu ngebut, nabrak teu keuna..."
4. Bobodoran Sunda : Minum di Warung Kopi
Adun : "Mang kopi susu hiji!"
Emod : "Make es teu?"
Adun : "Nya make atuh, teu make mah jadi kopi uu"
Bobodoran Sunda : 22M Eta Maksudna Naonnya
Dua murid, Ade jeung Aa keur milu piknik ka museum. Manggihan mumi di hiji kaca. Handapeunana aya tulisan 225M.
Ade : "22M eta maksudna naonnya?"
Aa : " Sigana nomer mobil nu nabrakna baheula...."
5. Bobodoran Sunda : Kadaharan Paling Haram
Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"
6. Bobodoran Sunda : Pagawean Laknat
Adun: "Pagawean naon anu dilaknat ku Allah?"
Danu: "Ngarogahala!"
Adun: "Ari nu dilaknat ku Allah oge disatru ku setan?"
Danu: "Ngarogahala anak setan!"
7. Bobodoran Sunda : Ikan Laohan
Odoy : "Geuning mahal mahal teuing harga lauk teh."
Tukang lauk : "Pan lain sambarangan lauk, ieu lauk laohan anu awakna aya aksaraan, hurup hiragana lamun dihijikeun jeung lauk jalu sok dibeberik.
Odoy : Ya naon aksarana da uing mah teu ngarti ?"
Tukang lauk : "Wo Ai Ni"
Odoy : "Ari nu ieu mahal oge ?"
Tukang lauk : "Komo eta mah geus aya bandrolan dina awakna USD.1000,-"
8. Bobodoran Sunda : Jamu Sinini
Waktu asup ka kamar mandi anu ngahiji jeung sumur, siaki walahwah weuleuhweuh ngageroan sinin.
"Niniiiiiiiiii... tingali geura geuning biwir sumur ngegel timbaan !" ceuk siaki reuwas.
"Tong gujrud aki....puguh tadi teh jamu sari rapet nini tikecemplung kasumur!" jawab sinini bari keom.
9. Bobodoran Sunda : Ulang Taun
"Neng Dea, wilujeng ulang taun..." ceuk bapana Dea bari ngesun jeungmasihan kado.
"Dea ayeuna sabara taun?" Tanya bapana.
"13 taun pa..." walon budak bari imut. bapana kaget, da rarasaan budakna teh kakara umur 7 taun.
"Nahe gening tos 13 taun deui?"
"Apan taun kamari, abdi 6 taun, ayeuna 7 taun, janten 13 taun bapa!" ceuk budak calakan (MJ).
#Update:
10. Carita Nyi Halimah
Judul Novel : "Carita Nyi Halimah"
Pengarang : Samsoedi
Pamedal : Kiblat Buku Utama
Jumlah Kaca : 100 kaca
Ukuran : 14,5 x 21 cm
Taun Terbitan : 2005
Harga : Rp. 19.000,-
Resensi Novel
Carita Nyi Halimah ngalalakonkeun budak awéwé anu nalangsa nu asalna boga indung jeung bapa beunghar nu jug ujug jadi jelema susah. Basa bapana diasupkeun ka pangbérokan alatan pitenah deungeun, indungna kagegeringan nepi ka hanteuna pisan.
Saterusna Nyi Halimah cicing di ninina bari digawé di imah Nyonya Linn. Basa kapanggih metik kekembangan di kebon sisieun gedong dununganana, manéhna disiksa ku Nyonya Linn nepi ka asa bubuk huluna, getih tina sirahna nyarakclakan kana bajuna.
Basa keur nyekar di kuburan indungna, manéhna panggih jeung tuan nu keur bebedil, tuluy diajak digawé di imahna. Ti harita manéhna teu eureun-eureun meunang cocoba anu kacida beuratna, nepi ka ngalaman diasupkeun ka pangbérokan.
Kaunggulan novel “Carita Nyi Halimah" nyaeta, dina caritana ngandung atikan moral nu seueur.
Kumargi kakurangan novel ieu nyaeta nganggo undak usuk basa anu rada sesah dicerna ku jalmi nu awam kana basa sunda.