
Sakanyaho, éta mah lain gambar kijang (basa Sundana: kidang atawa mencek, mun ku tukang moro mah sok disebut beureuman), tapi uncal (basa Indonésiana: rusa atawa menjangan).
Antara kidang jeung uncal téh béda. Uncal leuwih gedé batan kidang, kitu deui kelirna buluna sok ogé sok rajeun aya nu béda (uncal sok aya nu deukeut ka konéng, kidang deukeut ka beureum). Lian ti éta, aya deuih uncal totol, kawas nu aya di buruan Istana Bogor, cenah mah habitat aslina di India. Uncal nu habitatna di Tatar Sunda ogé béda jeung nu aya di Sulawesi atawa di Pulo Bawéan, upamana.
Nu paling kaciri bédana mah mun nempo jaluna. Uncal mah tandukna rangakgak, cagakna leuwih ti hiji (malah di batur mah aya uncal anu cagak tandukna leuwih ti opat). Ari mencek, cagak tandukna ngan hiji. Boh tanduk kidang boh tanduk mencek, saban taun sok cuplak. Engkéna bakal kaluar deui tanduk anyar. Béda jeung tanduk domba atawa tanduk munding anu tara ganti salila hirupna.
Sakanyaho, kidang jalu aya sihungan, dina gugusi luhurna. Ngan béda jeung sihung maung atawa sihung bagong, sihung kidang mah bisa ditarik ka luar jeung ka jero, kawas kuku ucing atawa kuku maung. Jadi nancebna dina gugusi téh bangun nu logor. Mun kidang ngamuk (biasana lamun geus mogok dina waktu diboro), sihungna téh sok nolol manjangan, kira-kira saukuran puhu nyéré kawung.
Leuwihna ti éta, sihung kidang aya racunan. Kabuktian, mun anjing pamoroan kasabet ku sihung kidang, borokna téh lila. Béda jeung mun beunang ku sihung bagong, ngan ukur dewol atawa debrah.
Kidang ... TalunKana sihung kidang sok aya nu nyebut tajimalela (atawa dipisahkeun nulisna: taji maléla). Taji hartina péso leutik, ari maléla hartina waja. Aya deuih nu disebut pulus maléla, nyaéta pulus nu matak ateul kacida, semu peurih.
Tina dongéng nu kungsi kapireng, salah saurang raja di Sumedanglarang aya anu boga jujuluk Prabu Tajimaléla. Boa-boa aya patalina jeung sesebutan sihung kidang éta jujuluk téh.
Istilah taji maléla téh ayeuna dipaké ngaran paguron penca anu diadegkeun ku suargina Kang Iyan Kusumahdinata (tapi ari sohorna ka luar mah raina, suargina Kang Jajat Kusumahdinata, vokalis band Paramour baréto).
Rada apal kana kidang téh duméh jaman keur ngora sok resep moro ka leuweung. Bisi panasaran, naon bédana kidang jeung uncal, bisa diilikan dina gambarna. Kidang nu beulah luhur (anu dibuleudan bodas, éta téh sihungna), ari uncal handapeunana.